Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Minggu, 08 September 2013

Lemah Cai Kulup



Film pondok “Lemah Cai Kulup”  mangrupa film nu diangkat dumasar carita pondok Hadi AKS dina judul anu sarua. Disutradaraan ku Icang Tisnamiharja. Film jeung carpon ieu nyaritakeun kaéndahan lemah cai, nya éta Indonesia. Kaéndahan nu mindeng dicaritakeun ku guru Kulup. Tapi di sagedengeun éta dipangaruhan ku kaayan sosial nu harénghéng mangsa harita. Loba jalma nu ditéwak teu puguh alésanna bari jeung teu puguh laratanana. Saperti Bapa si Kulup nu ditéwak bari jeung teu apal kumaha lalakonna.
            Pikeun ngabandingkeun antara carpon jeung film “Lemah Cai Kulup” perlu sababaraha kali maca jeung lalajo. Maca nu lain ngan ukur téks tapi sacara kontekstual.
            Carpon dimimitian ku deskripsi ngeunaan kaayan lembur dina wanci  peuting sarta jeung Kulup nu keur ngawawaas kaéndahan alam nu dijéntrékeun guruna di sakola. Bareng jeung indungna nu anteng ngayasin.
            INDUNG peuting geus lila turun. Ngarungkup unggal suhunan, nebar nyaliara dina runggunukna kakayon nu ngurung lembur. Poék baé saparat-parat téténjoan téh. Ukur lantéra atawa cempor hiji dua nu ngendang kakalicesan di sawa-tara tepas. Pangeusi lembur liwat isa teh geus kabéh ngarampih. Ngarerem atawa boa keur pada ngahéphép di enggon séwang-séwangan. Kilang kitu kadéngé kénéh sada nu keur ngaji, ngala-ong halon ti hiji imah. Barudak nu tadi haneuteun raong ngaraji di bale, geus buriak marulang. Tuh, katenjo keneh gubar-gubar obor baralakna. Hurung ngagalebur muru tungtung lembur beulah kalér.
            Béda ti sasari hawa lembur teh. Tiiseun pisan. Ngan angin baé ngaguruh. Angin selatan cunduk usum, ngagelebug ngoyag-keun dangdaunan kalapa. Ti unggal tepas sasarina sok kadéngé nu ngawangkong tinggereweng, harita mah euweuh sora nu batuk-batuk acan. Ngahareup peuting téh saréréa ogé pantesna tuluy jempling caringcing baé. Taki-taki ngawaskeun dédéngéan jeung téténjoan bari ronghok naroong tina mata bilik. Nyidik-nyidik bisi aya nu ngaringkang ka buruan.
            Kaayaan harénghéng kitu téh ku Kulup mah teu karasaeun.
            Bari dadapangan dina samak saheulay, manéhna anteng baé gagambaran. Ngagambar sawah, gunung, jeung laut. Saka-peung manéhna ngahariring, ngapalkeun lagu nu tadi beurang diajarkeun ku guruna.

            Sedeng dina film dimimitian ku visualisasi kaayaan lembur nu harénghéng, aya jalma nu ditéwak teu pupuguh. Hal ieu jigana pikeun méré visualisasi ka nu lalajo yén mémang dina mangsa harita téh keur meumeujeuhna harénghéng. Kapan tuluyna mah dikuatkeun ku ayana tokoh wanoja gélo, nu tétéla mangrupa pamajikan ti nu ditéwak dina adegan mimiti.

            Lian ti éta tina jalan carita ogé pan aya nu robah. Nalika dina carpon dicaritakeun yén nu ngabéjérbéaskeun éndahna lemah cai téh nya ku guruna Kulup. Sedeng dina filmna mah, teu ditoél-toél acan perkara guruna mah. Ngan barang diputer filmana téh geus ngong baé aya lagu “Rayuan Pulau Kelapa” nu dihaleuangkeun ku Kulup nu tangtuna ieu laguna téh geus diajarkeun disakola. Kaéndahan lémah cai ukur dibéjérbéaskeun ku bapana Kulup. Éta ogé ukur ngaliwatan ngimpi. Tah, lébah dieu mah mémang luyu jeung carponna.
            Tuluy ngeunaan pupuh Maskumambang nu kuduna dihaleuangkeun ku guruna Kulup tapi kalah ku Aki Ajuk. Nalika Aki Ajug nu ditéwak ku sababaraha jalma nu teu, nu layonna dibawa teuing kamanna. Nalika divisualkeun mah apan teu kitu. Nu néwak aki Ajuk kacida raména sédéng layonna disalib di buruan imahna. Geura dina naskah caronna mah kieu :

......Aki Ajuk gogoakan kawas aya nu mepegan. Tuluy sada palupuh brag-brig-brug kawas aya nu digusur ka tepas. Geblug sada aya nu ditutugkeun sakaligus ka buruan. Kulup meh-mehan ngoceak, kacipta akina nambru teu usik teu malik. Sirahna pantesna anu nutug teh, da teu kadenge humaregung atawa tulung-tulungan. Tapi bangun terus diteunggeulan da sidik sora buk-bekna paneunggeul. Jarempling bae nu mergasa teh, euweuh nu kadenge ngomong sakemek-kemek acan. Teu lila kadenge sada aya nu digusur ti buruan. Aki Ajuk pantesna geus ngulahek teu nyawaan. Layonna dibawa nyingkah, rek disampaykeun biheung di mana.

            Hal anu kudu digurat handapan séjénna téh nya éta perkara ngadadarkeun kaéndahan alam. Nalika maca carponna mah geuning kaéndahan alam nu dibéjérbéaskeun ku guruna Kulup téh bét asa tembres pisan kana manah téh.

            "Handapeun langit nu salawasna biru, ngampar tanah nu subur ma'mur, lemahcai urang, Indonesia. Endah pisan ieu lemahcai téh, barudak, sakumaha kaéndahan anu mindeng sok katenjo ku urang saban waktu!"
Guruna ngajak kaluar ti rohang kelas. Barudak sina nya-reuseup kaéndahan nu ngampar hareupeun sakola. Kaendahan anu sabenerna katenjo ku maranéhna unggal poé. Pasawahan Citapis nu ngeplak, Kutakarang nu ngabedega, tangkal sempur-na, kebon-kebon kalapana, situ Cekdamna. Sakabéhna nu aya di éta lembur geus ngalangkang dina ingetan barudak. Tapi harita basa diterangkeun ku guruna, éta kaendahan téh leuwih tembres. Nyerep kana mamaras séwang-séwangan.
            Pok deui guruna bari tutunjuk:
"Tuh, tingali angin selatan ngahiur ngusapan mumunggang Kutakarang, ngulinkeun daun sempur, ngulangkeun dangda-unan kalapa."
Barudak jempling. Rajeg neuteup ka jauhna. Aya nu he-lokeun, colohok baé neuteup beungeut guruna.
            "Eta angin téh henteu salawasna ngaguruh gumelebug, barudak. Aya kalana sok leler ngahiliwir. Ngarayap lalaunan, noélan dibun 'na tungtung daun atawa ngariak-riakkeun cai talaga nu ngenclong."
Pa Guru tuluy ngalieuk ka tebéh kidul. Pok deui:
              "Tuh, leuweung-leuweung katenjo ngemploh satungtung deuleu, ngalingkung gunung-gunung nu paul kasaput halimun. Itu lebakeunana pasawahan ngeplak. Dina usum panen urang sok nénjo burahayna pare konéng. Manuk-manuk ngahariring ngabubuhan, piit atawa manyar. Tuh, dina tangkal sadang sisi sawah manyar mah sok nyarayangna, ngagarantung kawas buah kukuk."
              Pa Guru ngajak nguriling ka pipir sakola, ka lebah taneuh nu rada luhur. Ti dinya pamandangan leuwih atra katenjona. Angin karasa ngahiuk ku barudak. Tiis ngahiliwir kana daun ceuli, kadenge ngahéar dina daun kalapa nu ngaginggeung tukangeun sakola.
            Bari kitu, bari ngajarengjen ngararasakeun angin, guruna ngajak nénjo ka beulah kalér, ka lebah laut Citeureup. Teu katenjo lautna mah da puguh kahalangan ku tatangkalan, tapi dina wangwangan barudak éta laut téh kacipta.
            "Di basisir Citeureup urang sok nenjo biruna laut. Urang gé sok nenjo parahu nu karék miang nangtang ombak atawa nu lapat-lapat jauh pisan. Pamayang aya nu ngangkleung ngawelah jukung, ngala lauk tepi ka suku Gunung Rakata. Saban waktu angin jeung ombak gumuruh, neang jeung nganteur pamayang ka tengah laut. Laut urang nu salawasna biru, nu nyidem rusiah jeung pirang-pirang kakayaan."
              Mungkas caritaanana, Pa Guru nyarita kieu: "Teu aya, barudak, teu aya hiji nagri nu mapakan kaendah-an lemahcai urang!"
                 Gambaran kaéndahan éta nu ayeuna ngalangkang dina ingetan Kulup. Kaendahan nu sok katenjo jeung karasa ku ma-néhna. Nyerep pisan kana lelembutanana, basa nerangkeun lemahcai, guruna laun ngahariring:
Lemahcai kuring nagri endah asri sugih cacah jiwa bahan lubak-libuk....
            Breh waé dina ciciptan Kulup kalangkang lemburna. Lembur Citapis nu saparat-paratna diliung ku tatangkalan kalapa. Tuluy-na naon-naon nu diterangkeun ku guruna; sawah, gunung, laut, pulo, jeung nagri Indonesia sagemblengna, dieunteupkeunana teh nya ka lemburna pisan. Di dieu, dina hégarna hawa lembur, Kulup nyeuseup eta kaéndahan lemahcai téh. Kaéndahan anu teu kungsi dicaritakeun ku indungna, abahna, atawa batur sa-pangulinanana, tapi karasa ku manehna saban waktu. Kadua abahna manehna sok ngaprak mapay-mapay walungan, ngecrik atawa ngagogo. Kokojayan lamun pareng manggih leuwi nu jero, atawa lulumpatan ngudag-ngudag beunteur dina babantar walungan. Kulup ge mindeng ulin di mumunggang Kutakarang, handapeun layung ngempur, manjer kolecer atawa mentang langlayangan jeung abahna.

            Tapi nalika divisualisasikeun geuning asa biasa baé, malah mah asa kurang. Kaéndahan alam téh ngan diwakilana ku gambar kebon téh, sawah jeung curug. Asa teu ngawakilan kaéndahan alam indonésia. Coba lamun énya aya visualisasi ngeunaan laut atawa basisir, jigana bakal rada kawakilan. Tétéla dina awal carpon jeung film ogé geus katitén aya bébédaan.
            Pérkara aya bébédaan dina film nu diangkat tina karya sastra mémang wajar. Hal-hal samodél kieu tangtuna miboga alésan sabab nyieun film tina hiji karya sastra lain hal anu babari. Mindeng kasaksian aya nu robah tina hiji karya satra nalika divisualisasikeun. Boh dina déskripsi boh dina dialog.
            Dina hal déskripsi misalna, kapan karya satrta mah ngagunakeun basa pikeun ngamekarkeun imajinasina sedeng film mah ngandelkeun média gambar. Basa dina karya sastra bisa miboga makna ganda. Basa nu bisa jadi teu ukur miboga makna “tersurat” tapi bisa sacara “tersurat”. Basa miboga kajembaran keur pangarang jeung nu maca pikeun ngabayangkeun naon nu diungkarakeun dina karya sastra. Sedeng kajembaran dina sajian gambar tangtu bakal béda. Didieu pernahna  bébédaan nu paling dasar antara film jeung karya sastra.
            Basa nu dipaké dina film lolobana mangrupa basa lisan, kadang-kadang basa teks jeung tangtuna basa visual. Ieu asa visual téh ngawatésanan imajinasi sabab visual miboga sipat ngadadarkeun. Basa visual bakal leuwih anteb lamun dirojong ku ayana audio. Ku ayana audio ieu ogé nu ngabédakeun antara karya sastra jeung film. Dina film “Lemah Cai Kulup” bébédaan déskripsi geus didadarkeun tadi di luhur.
            Sedeng dina dialog, katitén ayana sababaraha improvisasi. Dina ieu hal mah teu pati dipadungdengkeun sabab memang nalika improvisasi ogé katitén teu pati méngpar. Dina dunya téatér gé hal samodél kieu mah apan geus ilahar. Improvisasi tapi tetep maliré kata konci nu aya dina naskah sangkan teu mengpar tina jalan carita. Malah mah ku ayana improvisasi ieu ogé apan nu biasana ngahirupkeun hiji drama atawa film. Contona
            "Iraha abah balikna, Bu?"
Diganti jadi "Iraha abah balikna, Ma?"
            Parobahan dialog tina karya sastra nu dirobah kieu jigana sangkan nu lalajo bakal leuwih pogot jeung tembres kana manah. kapan kecap “Ma” mah leuwih anteb pikeun urang Sunda. Komo lamun di pilemburan mah. 
            Carpon-carpon Hadi AKS memang miboga gaya realis. Lolobana nyaritakeun ngeunaan kahirupan sosial. Tapi biasana dina carponna sok aya kritik sosial. Contona carpon “Oknum” nu ngiritik ngeunaan orde baru. Kitu ogé dina carpon “Lemah Cai Kukup” nu ngiritik ngeunaan kahirupan nu harénghéng dina mangsa harita. Lemah cai nu aya dina wangwangan Kulup apan sakitu éndahna tapi tétéla geuning ari dina kahirupan mah sakitu harénghéngna. Hal anu patojaiah ieu jigana anu dikiritik téh.
             Film “Lemah Cai Kulup” lain film munggaran nu diangkat tina karya sastra Sunda. Aya sawatara film nu kungsi diangkat ogé tina karya sastra Sunda saperti ”Halimun” nu diangkat tina novel Sangeus Halimun Peuray karya Aam Amilia, film “Karnadi Anomer Bangkong” karya Tjandrahadjat, jeung film “Jurutulis Malingping” karya Ahmad Bakri. Malah mah pan ceunah ayeuna keur ngagarap film nu “Perang Bubat” nu nepi ka kiwari can aya hasilna. Boa mah ukur wacana wungkul.
            Perkara aya béda antara film “Lemah Cai Kulup” jeung karya sastrana, éta mangrupa hal anu wajar dina dunya film. Najan kitu pan ari maksud, inti carita jeung amanatna mah nepi ka panongton téh.
            Film Harry Potter ogé nu kasebut sukses tangtuna bakal katitén aya bébédaan jeung novélna lamun diimeutan mah. Komo film “Ayat-Ayat Cinta” atawa film “Di Bawah Lindungan Ka’bah” nu novelna pada-pada kawéntar ogé apan nalika geus jadi film mah asa pohara méngparna, loba nu teu sugéma sabab leuwih mentingkeun kana ajén komersil daripada kaorisinilan carita.
            Nu penting dina hal ieu, ku ayana film Sunda nu diangkat tina karya sastra, nya éta sangkan sastra Sunda tetep hirup. Palébah ayana kakurangan dina film “Lemah Cai Kulup”, nya ieu mah jadi pancén pikeun ningkatkeun kualitas film-film Sunda. Perlu ayana ahli-ahli sinematografi Sunda nu miboga pangaweruh nu jembar. Nya boa ku ayana ahli sinematografi mah, film nu basisna kasundaan bisa leuwih ningkat ajénna. Ditarima sacara nasional malah mah sacara internasional.

Minggu, 13 Mei 2012

Béntang

 
            Juru-juru kamer nu ngabigeu. Potrét-potrét lawas nu ditalikung pigura. Eunteung nu ngagantung mantulkeun kalangkang beungeut nu pias. Bonéka-bonéka nu imut bangun taya karingrang. Nya didieu léngkah mimiti kandeg. 
            Geblug!
            Panto nu muka ditutupkeun ku angin bangun taya rasrasan. Ukur bisa ngusapan dada.  Na saha atuh nu asup ka imah bari jeung pantona teu ditutupan deui. Moal énya kitu si Tanteu wayah kieu geus mulang. Tara-tara ti sasari. Atawa Bi Icih? Atawa boa-boa maling?
            “Damang ayeuna mah?”
            Ngarénjag. Simpe sajorélat. Ukur imutna nu atra karasana. Imut asih. Imut deudeuh.Geuning enya si tanteu nu tadi asup téh.
            “Tah, geura emam heula obatna. Ke Tanteu wangsulna wengi nya..”
            Bari gék diuk dina sisi dipan. Ramo-ramo nu léncop pinuh ku kitek kusak-kusek murakan obat nu réa rupana. Ngahaja ceunah menta obat cair ka doktérna. Rasa stroberi ngarah teu pait. Ngarah téréh sakola deui jiga batur, jiga si Gilang jeung Gumilar.
            Deudeuh teuing. Kapan ieu obat téh ladang késang Tanteu unggal poé. Unggal peuting pernahna mah. Tétéla bélana najan hésé léngkah. Mindéng kabandungan mangpirang werejit nu diragragkeun pikeun Tanteu. Tapi kanyaah langgeng hamo robah jadi cangcaya.
            Kungsi sakali mangsa Tanteu nyarita naha manéhna tara aya di imah nalika peuting. Ceunah mah sok saré dina méga. Méga-méga nu aya di langit? Enya, éta pisan. Bari jeung ngalaan béntang nu sok dibantuan ku bulan.
            Bari ngusapan, Tanteu nuluykeun carita. Bari ngalaan béntang, Tanteu sok nulis-nuliskeun mangpirang du’a keur urang duaan dina tiap lalambar langit. Sangkan salawasna dipaparin bagja. Sangkan cumpon sagala kahayangna. Tah, béntang nu diala téh ceunah sok jadi duit nalika datang ka dunya téh.
            Mulya pisan salira téh Tanteu. Nu teu wéléh asih, nu teu wéléh deudeuh. Nu imutna langgeng, nu atra tresnana.
            Tapi horéng ceuk Bi icih mah lain kitu. Béja nu matak mantengkeun simpay sulaya. Nepi ka kacangcaya jeung guligah lana dipibanda. Najan taun-taun nu kalarung lalakon urang teu weléh atra gurat katigin. Léngkah urang Tanteu, apan salawasna sawirahma.
            Ceunah Tanteu mah lain mapay-mapay méga unggal peuting téh. Tapi éstu mapay-mapay bar. Mapay-mapay jalan-jalan nu hégakna ngaduruk ringkang. Tuluy indit babaréngan malah abring-abringan jeung jalma nu rupan teu béda jeung bapana si Gumilar.
            “Kapan unggal wéngi téh sok diwedak, dilipstik, dishadow....”
            Ah. Tanteu...  apan anjeun téh salawasna batur nu meunggaskeun keueung. Nu sarua pada-pada haget ngagusur léngkah-léngkah ludeung dina kateudayaan. Nu sarua mindeng milang tatu bari jeung teu eureun mipit impian. Nu teu weléh lumampah najan tetep teu timu pangjugjugan. Nu jauh ti aral subaha najan rasa salawasna dipergasa.
            Kungsi sakali mangsa mapay-mapay laratan nu jadi kolot. Kapan ti mangsa nu lawas ku warsa jeung waktu nu kakubur windu, can pérnah nimu teuteup nu jadi kolot. Saperti si Gilang jeung Gumilar nu salawasna dipépéndé indung. Salira ukur imut. Imut nu mibanda réwuning harti nu hamo bisa diungkarakeun hiji-hiji. Jeung asihna nu salawasna ngagalindéng. Nu maneuh wakca mangpirang tigin.
            “kanyaah tanteu, teu béda ti kanyaah nu disebut indung..” ceuk Tanteu harita.
            Ukur bisa imut. Simpé. Ukur teuteup urang nu jadi ungkara katigin.
            Kiwari angin peuting lirih deui. Ngendag-ngendag saban angen nu longkéwang. Dina léléngkah angin teu cangcaya aya rénghap Tanteu. Di mana ayeuna ? Tangtuna keur pahibut ngalaan béntang, pagaliwota jeung mangpirang jalma. Atawa pahibut jeung wedak-wedak nu dipulaskeun nutupan raray Tanteu nu rubak téa. Ah, keun baé asal énya kitu. Lain jiga béja nu mindéng diharéwoskeun Bi Icih.
            Handapeun cacaang bulan, nu tangtuna ku Tanteu mah mindeng ka toél. Nu tangtuna jadi sobat tiap peuting, ieu raga nyoba mapag kalangkang Tanteu nu boa bakal katitén di langit. Ramo Tanteu nu léncop nu ngacung-ngacung séja ngajarumat béntang pikeun bekel urang manjangkeun léngkah.
            Hiji mangsa mah Tanteu, ieu raga nu baris mapay-mapay jalan langit téh. Nu bakal mawa mangpirang béntang. Nu bakal ngaguratkeun réwuning impian nu tan watesan. Lain ukur Tanteu nu bakal sosobatan jeung bulan. Hanjakal ayeuna mah raga keur katalikung ku sakit. Tapi hiji mangsa, Tanteu tong cangcaya.
            Taya hartina mun hiji mangsa teu bisa kedal bakti. Kapan tiap kalimah nu wakca ti Tanteu teu eureun ungkara harepan, yén hiji mangsa ieu raga ulah ukur jadi kalangkang.
            “Ulah nepi ka kasarung dina lulurung nu taya tungtung..”
            Teuing naon hartina. Da geuning saban ucap, saban lampah lalakon Tanteu salawasna miboga réwuning harti. Ukur imut bari jeung kedal dina jeroning haté, éta harepan moal nepi ka muguran. Salawasna panceg hamo peunggas tina dahan.
            Peuting masih kénéh atra kasimpé. Lir atrana kamelang jeung jeung karingrang nu habén nyaliksik usik. Aya nu lantip haharéwosan dina leunjeuran riwan. Naha ujug-ujug tétéla aya sono nu kumareumbing dina lamping-lamping diri. Nu ahirna nungtun tineung ka sarwaning rasa. Rasa nu langgeng tresna ka Tanteu.
            Tanteu, geura bawa ieu diri kana lahunan. Geura tangkeup geugeut sangkan rénghap jeung harepan hamo aya nu ngaririwaan. Kapan manglaksa béntang geus hasil diringkid, geura bawa kadieu Tanteu. Geura bawa.
***
            Tanteu, geter asih salira hamo leupas tina wirahma. Anteng ngantay-ngantaykeun kalimah tresna antara urang duaan. Najan kalan-kalan kahariwang ngalangkangan rerencepan niruk kalbu. Boa lalakon ngan samet kadieu. Ah, tapi henteu. Da geuning ayeuna Tanteu aya di gigireun, ngusap-ngusap sirah bari haben imut kayungyun.
            Tanteu, naha ieu nu ngusap-ngusap sirah téh ramo salira nu mindeng ngajarumat béntang-béntang urang. Béntang-béntang nu baris maréngan dina tiap léngkah téa? Ramo nu ngusapan bangun asih, ramo nu nangkeup bangun deudeuh. Najan lain ramo wanoja jiga indung si Gilang jeung Gumilar. Tapi geuning asihing indung tetep natrat di salira.
***

Kawali, 2012

Sabtu, 28 April 2012

"Kikiw in action"


Kritik Sastra : Manehna, Syarif Amin


Kritik Sastra : “Manéhna, Sjarif Amin”

             Roman “Manéhna” karya Sjarif Amin  alias RH Mohammad Koerdi nu lahir di Warudoyong Ciamis. Ieu miboga tema carita nu geus teu anéh deui sabenerna mah. Kitu ogé karya-karya Sjarif amin séjénna nu miboga téma ngeunaan duriat saperti carpon nu judulna “Handapeun Dapuran Awi” nu aya dina kumpulan carpon sawidak carita pondok. Tema carita ngeunaan duriat anu teu kebat. Tapi dina “Manéhna”, ieu tema téh dicaritakeun kalayan lantip, ngagalindeng manteng ti mimiti nepi ka ahir carita. Diwangun ku kecap-kecap dina ungkara anu lantip. Teu miboga konflik anu kaleuleuwihi atawa dialog anu hog-hag, pacental-cental. Ukur saperti katineung nu disidem sina patinggerentes.
            Sadar atawa teu sadar Sjarif Amin teu mopohokeun salasahiji aspek dasar nu mindeng dippopohokeun ku pangarang séjén, nya éta jalan carita. Biasana pangarang hantem ngagulang gaper perasaanna sorangan sina kumacacang sedeng jalan carita teu enya-enya dipaliré. Antukna kesan nu katitén téh céngéng atawa nepi ka bulat-beulit kaditu kadieu. Komo carita-carita ngeunaan duriat mah. Tapi dina “Manéhna”, Sjarif Amin teu katara samodél kitu. Najan memang ieu roman miboga tema ngeunaan duriat, tapi pan teu katitén aya ungkara nu nunjukkeun rasa ngaliwatan kecap “tresna” atawa “cinta” sacara tersurat ti awal nepi ka ahir carita. Ungkara “Kuring cinta ka manéhna” éstu dideskripsikeun, digalindengkeun kalayan pilihan kecap anu lantip sacara tersirat. Kitu ogé nalika nyaritakeun rasa “sono” anu ngagalindeng ngaliwatan ungkara déskripsi, saperti :
“Jukut urut andiprekna, émok bari ngajambrétan pucuk tatambagan, géléwér nu dipaké sésélékétna, solokan diancrubanana, cukang urut meuntasna..., kabéh ku kuring ditalék. Dihantem dilelekan, sugan aya anu bisa méré raratan. Tapi hiji ogé taya anu bisa ngajawab, henteu némbalan ditanya téh, balem kabéh..
Kokoloyongan, kokotéténgan. Moal boa mun aya nu nyérangkeun mah, kawas si Tumang leungiteun panutan, polah kuring téh. Atawa cara budak leuleungiteun, keur dihantem ditéangan. Ku apik-apikna, mani ngan sirikna teu unggal kalakay salambar-salambar disingkabkeun. Dikoréhan, bari dijampéan “Nyusup mubuy, marangpang numpang...” ”
            Salasahiji hal anu béda tina ieu roman téh, nya éta ngeunaan tokoh nu jadi lalakon dina ieu carita. Ilaharna carita kapan kudu aya tokohna. Puguh saha-sahana, puguh si A jeung si B-na. Tapi dina ieu roman mah tokoh utamana teu disebutkeun saha-sahana. Ngan ukur aya “kuring” jeung “manéhna”. Teu aya katerangan saha ari ngaran “kuring” jeung saha ngaran “manéhna”. Ngan ukur aya katerangan nu nyebutkeun inisialna wungkul. Kieu ungkarana :
“........ Karasa leungeun ngodok pésak ngarampaan péso meunang meuli ss “Hallermann”. Mutiara lakop gagangna téh. Péso tokel paranti moro nyalancip, nya ramping. Keur mimiti aya waja bodas anu tara tai hiangan, buatan Jérman. Teu nyaah ieuh dipaké nurihan cadas anu teuas téh. Nyieun aksara dina karang: S.A.”
            Lian ti éta lamun téa mah ceuk Abdullah Mustappa, ieu roman téh lir ibarat sora nu ngagalindeng, da ku enyana atuh. Ti mimiti maca nepi ka ahir deui  éstu angger manteng wanda katut iramana. Éstu méré déskripsi anu sahinasna tapi genah, mernah sarta teu bulat beulit sagala disebutan. Tapi nya didieu unikna téh nu maca anteng ngumbar lamunan mangsa maca kecap demi kecap nu diungkarakeun ku Sjarif Amin nu sakitu lantipna. Lir aya nu bakal manjang éndahna nalika diimajinasikeun lamun teu diwakcakeun kaleuleuwihi jadi carita, saperti :
”Panto diréképkeun. Disada ngajéprét. Tarik deuih kadéngéna téh ari keur jempé mah! Tuluy dikoncikeun, dua kali. Ngolétrak deu baé, ngan teu pati tarik cara tadi.
Léos kuring nyampeurkeun deui manéhna ...
Poho deui tuluyna mah lantaran balaka baé, kakara harita kuring nyorang kapurba ku rasa campuh kitu, asa dina impian nu bukti!”
            Aya pirang-pirang isarah anu nyangkaruk tur ngahudang mangpirang harti. Lamunan atawa imajinasi nu maca terus digoda jeung diélékéték sina terus kumacacang. Isarah ieu lain ngan ukur imajinasi nu kumacacang téh tapi ogé bakal ngahudangkeung mangpirang hal nu nyumput dina rasa. Saperti dina ahir ieu carita diungkarakeun.
“Atuh puguh baé, najan los kamana ogé kuring néangan manéhna, pirakau kapanggih. Da nu ditéangan kapindingan jirim kuring nu néangan!
Atawa ..., teuleungit teu sing saényana mah. Da éta mah angger aya. Tetep renggenek, anteng manteng dina geter angen kuring. Geus jadi milik kuring nu mutlak, ti barang kuring papangih jeung manéhna. Geus pada-pada ikrar rék silih “pibanda”.
Ti harita nepi ka ayeuna, éta mah geus pageuh maneuh, ngageugeuh di galeuh deudeuh, nyakrawati dina sanubari kuring, ngahuripan mamaras rasa.
Moal aya nu wani nyisikudi, sumawonna ngaganggu ngaharubiru. Da ngancik ngajadi di kuring lain di ni lian.
......................”
            Pan boa énya dina batin urang ogé aya nu jiga “Manéhna” nu teu sadar ayana. Nu mindeng dipikageugeut jeung dipikatineung.
            Sacara umum, najan ieu roman téh sakilas jiga buku diary nu éusina ngeunaan lalakon dina cinta tapi geus ngabeungharan karya sastra Sunda. Sakapeung sok asa maca naon nu kalakonan dina hirup nu maca. Komo lamun dina nyatana nu maca kungsi ngalaman lalakon duriat samodél kieu. Dina mangsa ayeuna, asa can kapanggih carita anu ngagalindeng sarupa kieu.
            “Manéhna”, nu ngancik dina hakna bawa ngajadi, geus nunjukkeun kaparigelan Sjarif Amin salaku pangarangna dina nepikeun carita.