Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Minggu, 11 Desember 2011

carpon kikiw

Kolek Cau

Tilu rébu harga kolek téh. Teu pira ukur kolek. Dijual ku Si Anah. Geus méh béak jigana mah da loba nu meulina. Payu, da ceunah mah ngeunah. Amisna pas teu amis teuing. Nyieunna ogé maké gula kawung asli. Cauna maké cau nangka nu meujeuhna ngeunah dijieun kolek.
Geus rék saminggu puasa téh. Ngan hanjakal can kungsi ngasaan kolek buatan Si Anah. Si Ujang nu hayangna mah. Kabita tuda meureun. Unggal poé ngan ukur bisa neuteup. Kolek Si Anah nu sapanci, disiukkan ku sinduk, dipindahkeun kana pelastik tuluy diasongkeun ka nu meuli. Deudeuh teuing Ujang, hampura Bapa!
Sapopoé diuk dipeuntaseun tempat Si Anah dagang. Keur meumeujeuhna ramé. Komo ayeuna keur bulan puasa. Sajajalan dipaké ku nu gabuburit. Atuh puguh wé tukang dagang ogé ngadak-ngadak euyeub. Geus méh sarua wé jeung pasar kaget.
Geus biasana diuk téh ukur ditilaman ku samak butut. Bareng jeung Si ujang. Batok leutik ditunda dihareupeun. Susuganan aya nu seja ngabagi rezekina. Biasana mah bulan puasa mah rada aya beubeunangan téh.
Enya, kahayang mah embung hirup kieu téh. Ukur ngandelkeun paméré ti batur. Ukur ngaharepkeun rasa karunya ti batur. Hayangna mah jiga batur, méré kabagjaan nu jadi anak, Si Ujang nu jadi batur nyanghareupan hirup. Nyakolakeun sing junun, nyumponan sagala pangabutuhna maké kesang sorangan. Tapi dalah dikumaha, geus titis tulisna kieu, tanpa daksa. Dina enyana ogé nyiar gawé, jigana bakal ngahésékeun batur.
“Bapa, Ujang hoyong kolek.” Si ujang geus pok deui jiga kamari.
“Enya, Ujang sing sabar nya, sugan ayeuna mah aya rezeki. Sok ayeuna mah puasana heula sing tamat.”
Lain teu bisa-bisa teuing meuli kolek téh. Da beubeunangan téh sok rada lumayan. Hanjakal ngan cumpon meuli sangu keur buka. Acan keur sahurna. Apan ku duaan ogé geus sabarahaeun. Lamun maksa meuli kolek mah atuh moal kabeuli sangu. Moal piwaregeun.
“Nun gusti mugia dintén ayeuna mah dipaparin rezeki anu leuwih. Karunya ka Si Ujang!” Ngagerendeng, najan ukur kedal dina haté.
Si Ujang neuteup ka tempat Si Anah dagang. Jiga nu hariwang kolekna sieun béakkeun. Sieun teu kabagéan da nepi ka ngarariung kitu nu meulina gé. Mangkaning dina batok kakara aya récéh jeung salambar rebuan. Ah, jajauheun keur meuli kolek téh da geuning keur meuli sangu ogé teuing mahi teuing henteu.
Cacak wanci beuki nyérélek. Panon poé ogé geus méh surup. Nu ngabuburit geus mimiti ngurangan.balik ka imahna sewang-sewangan. Seja mapag kabungah da meureun ari di imah siga kitu mah rék buka puasa ogé sagala loba, sagala diaya-ayakeun. Nu meuli kolek kari sababaraha urang. Boa kolekna ogé geus rék béak. Ahh...
“Tos séép jigana mah, Pa, kolek téh. Ujang moal kabagéan deui.” Si Ujang geus teu hariwang, tapi ngalengis teu bisa ngasaan amisna kolek Si Anah.
“Deudeuh teuing Ujang, hampura bapa. Mangkaning Ujang mah puasana rajin, can kungsi batal. Hampura Bapa teu bisa ngabagéakeun Ujang!” Teu karasa bet aya nu ngeyembeng dina kongkolak.
Teu wasa nempo Si Ujang. Naha atuh hirup téh asa teu puguh guna. Teu bisa ngabagéakeun anak nu ukur hayang ngasaan kolek. Padahal ukur kolek cau!
Sakeudeung deui adzan maghrib. Nu dagang geus mimiti mérésan daganganna. Geus rék baralik, da meureun geus payu daganganna. Balaréa pada-pada hayang buka di imah sewang-sewang kumpul gariung jeung kulawargana. Si Anah ogé katangen keur bébérés daganganna. Kolekna nu tadi sapanci, geus teu nyésa. Payu.
“Geura beulikeun sangu, Jang. Tuh, keun baé ukur sabungkuseun ogé. Keur sakalieun Ujang baé ieu mah. Hampura moal mésér kolek téh. Sugan tiasa enjing, muga urang aya rijki.”
Si Ujang ukur unggeuk. Mawa rijki poé ayeuna tina batok. Tuluy nangtung, indit néangan tukang sangu nu masih kénéh aya. Ngungun budak téh. Da meureun ngarasa kuciwa.
 “Ukur meunang sangu jeung tempé dua keureut Pa. Bari mésér roti hiji kanggo enjing sahur mah.”
“Nya keun baé, kudu syukur alhamdulillah. Sok atuh geura siap-siap. Sakeudeung deui ogé aya adzan geura.”
Teu lila ngong sora adzan.
“Allohuma laka shumtu wa bika amantu wa’ala rizkika afthartu birahmatika ya arhamarrohomon. Amin.” Si Ujang saged rék ngabatalan puasana. Nginum cai herang nu ukur dibungkus ku pelastik.
“Hayu atuh Bapa urang buka heula, wios sabungkus ku duaan sanguna mah.”
Ukur bisa neuteup budak nu keur dahar. Katangen lapar pisan budak téh. Bangun nu nikmat najan ukur jeung témpé dua keureut. Nu ngeyembeng dina kongkolak téh geus teu bisa ditahan deui ayeuna mah. Budak nu keur dahar téh laju ditangkeup geugeut. Jadi Bapa nu kuduna tangkal darajat, geuning teu daya teu upaya. Ukur bisa ngadu’akeun, muga hiji mangsa meunang bagja.
“Hampura bapa, Ujang!” dareuda.
Si Ujang ukur imut bari nyusut nu ngalémbéréh kana pipi.
“Wios Pa, teu nanaon da Ujang mah. Pan saur Bapa ogé kedah syukuran kana magpirang nikmat ti Gusti.” Pokna bari imut. Kayungyun.

***
“Bapa, ieu hatur lumayan kanggo Si Ujang ti batan dipiceun, kaleresan saé kénéh lebetna mah “
Tengah peuting, sabot jeung Si Ujang saré, bet aya nu nyampeurkeun. Lalaki tengah tuwuh mamawa bungkusan. Ceunah mah keur Si Ujang, sésa buka puasa bareng di kantorna. Eusina sangu jeung deungeunna. Malah mah aya daging hayam sagala. Aya ogé nu diwadahan dina gelas pelastik, sihoréng téh  geuning kolek cau.
Emh, geuning aya rijkina Si Ujang téh, ayeuna meunang kolek cau. Najan lain kolek cau buatan Si Anah, tapi amisna mah geuning sarua. Alhamdulillah....


Senin, 05 Desember 2011

Carpon Mangle


 Laguning Suwung

Bari rambisak masih anteng ngaréndos. Sambel. Dina cowét batu ukuran sedeng. Bawang beureum, bawang bodas, tarasi, gula, uyah jeung céngék. Loba pisan. Ngarah karasa ladana.
Diréndos bari tetep angger rambisak. Semu nu nafsu, semu nu keuheul. Ambek.
Sanggeus sambel jadi tuluy mawa sangu. Dieurihkeun kana cowét, digalohkeun. Tuluy dihuapkeun. Teu karasa nikmatna, teu kasa ngeunahna. Teu sing.
Geus der deui karasa ngarasula téh. Teuing judu kasaha atuh cumarita téh. Teuing kudu kasaha nepikeun kereteg haté. Teu apal pilampaheun ari geus kieu téh. Ukur kuat dua huap geuning. Ukur ngarénghap panjang. Satuluyna kalah ngahuleng, teuteupan suwung.
Si Rita nu kituna mah, tatangga kahalangan dua imah. Teuing asa ku ceuceub pisan ka sorangan téh.
“Muhun… resep pisan ningali nu bungsu. Asa ku lucu pisan. Komo ayeuna mah tos tiasa nyanyi topi saya bundar. Duh, matak haneuteun wé di rorompok téh.”
Teuing kumaha bet éta ungkara téh asa nurih kana ati. Komo nempo manéhna keur bureuyeung deui mah. Sakitu apan di imahna téh kacida récétna. Motah pisan boga budak téh.
Tapi kétah boa-boa si Rita mah ukur cacarita biasa. Jiga wangkongan ibu-ibu nu ilahar dina lawungan arisan. Méh sarua jeung wangkongan ngeunaan harga samara jeung béas nu naék, ngeunaan resép masakan atawa ngeunaan gossip artis nu anyar.Tapi naha atuh da éta ungkara téh bet béda karasana. Karasa nyindiran. Matak nyeri hate. Mun teu bisa-bisa teuing nahan mah boa piceurikeun téh geus budal titadi kénéh. Keur mah saméméh lawungan arisan téh geus teu puguh rasa. Nempo kalakuan salaki nu sakapeung mah teu weléh matak cagkeul. Kalah  bangun nu teu hayang ngadéngé kana kahayang nu ceuk pangrasa mah geus kebek ku katigin. Bageur meureun ti dituna mah, tapi tetep wé matak handeueul. Lir pasrah sadaya-daya. Mun geus kitu, sorangan tara bisa nanaon.
Geblug! Panto nutupkeun manéh. Angin karasa nyéor. Padahal poé sacangra-cangra, malah panas morérét. Ari ayeuna ujug-ujug ceudeum, haleungheum. Rék hujan.
Sok ngarasa keueung ari kieu téh. Di imah ubluk-ablak. Euweuh nu maturan, komo mun geus hujan gedé bareng kilat tingjorélat.
Kungsi sakali mangsa mah, mawa ulin budak si Rita anu bungsu. Budak keur kembang buruan. Bébélaan diupahan, di jajanan sagala rupa. Budakna betaheun, sorangan anteng asa aya batur. Sapoé jeput. Tadina mah moal disina balik budak téh. Keun wé sina ngendong.
Hanjakal kalah ditéang ku indung bapana. Nenjo kitu mah salaki teu loba omong. Ayem we, najan sorangan mah rambisak. Ukur neuteup bangun deudeuh tuluy nyium embun-embunan. Nangkeup bangun geugeut.
Hujan beuki gedé. Cowét, sambel jeung sanguna ukur diteuteup. Geus tigin asana mah.najan hate mah peurih taya papadana. Haté awéwé téa.
Tuluy geuwat néangan hapé, néangan salaki.
“Sakedap deui,” tembalna téh.
Haté téh reugreug. Buru-buru meundeutkeun panto jeung jandéla. Moal hariwang teuing ayeuna mah da dibaturan ku salaki. Najan meureun jigana salaki bakal rada humandeuar sabab geus sababaraha kali ngaruhit ka salaki. Tapi jawabna geus moal jauh. Sabar, urang usaha baé, mana kitu gé can diparengkeun ku Gusti Alloh. Mani sok geregeteun. Sugan téh dipancing kitu mah salaki téh rék wani. Tapi geuning meureun geus adat ti dituna, lalaki sholeh, lalaki satia.
Teu lila kadéngé bél imah disada. Sora mobilna horénng teu atra kapireng. Bareng jeung sora nu nutupkeun panto, paralak kadéngé hujan nu ragrag kana kenténg. Salaki ngajinjing kantong, biasa pagawéan nu dibekel ka imah, tuluy sok ditunda dina méja.
 “Ku naon, Mah?” ceunah bari ngarérét. Duh, éta imutna aya ku kayungun.
Kuring ukur ngabetem. Nahan kakeuheul bongan geuning kahayang teu diturutkeun. Sakitu biasana mah hayang nanaon ogé teu weléh diturutkeun. Majar mah, aya-aya baé ceunah kahayang téh.jigana nu teu bisa syukuran. Ah, teuing da kitu hayangna.
“ Teu kenging bakétut waé atuh, kamana imutna?”
“Akang mah meni teu nurut kana kahoyong téh. Apan biasana ari nu sanés mah sok kalah atoh. Asa dijalanan.”
“ Ih, ulah kitu ari cacariosan téh.”
   Tuh, da enya wé teu jauh tina sangkaan, pasti bakal kitu nyaritana téh. Bangun nu antaré. Gék salaki diuk dina korsi nu aya dihareupeun, cucul-cucul muka jakétna. Sok disampaikeun dina tonggong korsi. Lalaunan muka sapatu.
“Padahal mah abi téh geus tigin. Teu rék nyeri haté. Teu sing. Asal akangna adil. Mun euweuh mah, ké sugan dipangnéangankeun ku sorangan. Teu burung …”
“Ari anduk dimana? Asa bayeungyang ieu téh, rék mandi yeuh,” pokna jiga nu embung ngahaminan.
Teu ieuh diwalonan. Da geuning salaki téh tukuy wé indit ka kamer mandi. Bari ngagigiwing anduk nu tadi ditanyakeun.
            Masih anteng ngumbar lamunan nepi ka salaki geus rérés sagala téh. Neuteup suwung bari jeung sasakali ngahuapkeun sangu jeung sambel nu tadi dina cowét téa. Dirérét ku salaki nu bangun reuwas jeung hémeng.
“Naha geuning éta pamali nuang sangu dina cowét, sanes dina piring,” pokna bari ngadeukeutan.
Teu dipaliré. Anteng wé ngahuapkeun sangu jeung sambel tina cowét. Bari panon mah teu wasa nahan nu ngeyembeng dina kongkolak. Naha atuh boga salaki téh bet kacida gurat batu, teu daét nedunan kahayang.
“Mah, teu kenging kitu, apan ari tuang langsung tina cowét téh saur sepuh téa mah pamali, bisi…..”
Salaki teu kebat nyaritana. Nenjo kitu mah ukur bisa ngagukguk. Ceurik, geus teu bisa ditahan deui. Salaki nangkeup bagun geugeut.
“Teu kenging kitu atuh mah, sing sabar. Urang terus usaha. Boa tos titis tulisna urang can kaparengkeun gaduh putra. Apan saur dokter gé teu aya masalah nanaon urang téh,” ceunah bari ngusapan sirah.
 Duh, atra pisan deudeuhna. Na atuh bet boga kahayang anu teu lajim pisan. Salaki kudu ngawayuh . Apan awéwé mah cadu pisan ka nu ngarana diwayuh téh. Ceuk pangrasa mah sangkan boga budak ti nu ngora. Daék ieuh ngurusna, da geuning masih kénéh getih salaki. Tapi geuning kurang kumaha padahal mah boga salaki téh sakitu satia, sakitu solehna.
Emh, masih kenéh ngalangkang caritaan tadi ti si Rita, bangun énténg, teu ngarasa dosa,  “Tétéh, upama hoyong gaduh putra mah, atuh tos wé si Akangna sina ngawayuh, sugan ayaan ti nu ngora mah. Da sami ieuh getih si Akang. Upami teu kersaeun atanapi isin nyariosna mah, tos wé sing sering tuang langsung tina cowét. Pamali ceuk kolot téa mah, bisi didua ku salaki. Tapi keun wé da kitu tujuanna.”

 

Artikel Kiki Pratiwi


Drupadi Vs Demarkasi Gender
“Kuring jangji dina ati, rék ngantep buuk ngarumbay, moal deuk wawuh jeung gelung. Iwal lamun geus diangir makégetih dua jalma, nya éta Dursasana jeung Sangkuni” (Jangji Drupadi dina “Kurawa-Pandawa” karya Hidayat Soesanto).
Drupadi atawa dipiwanoh ogé ku ngaran Dewi Pancali, dina Mahabrata yasana Wiyasa Sang Bagawan taya tanding India mangrupa putri kahiji Prabu Drupada, raja ti karajaan Pancala nu prameswarina nya éta Dewi Gandawati. Drupadi téh putri anu geulis, luhung budina, wijaksana, sabar, taliti jeung satia.
Dina novel Basa Indonesia nu judulna “Drupadi Prameswari Pandawa yang Teguh Hati” karya Apriastuti Rahayu dicaritakeun kumaha lalako Drupadi ti mimiti dimeunangkeun tina sayembara, sabarna nyanghareupan cocoba nalika jadi istri Pandawa, dirogahala ku Kurawa jeung Sangkuni , marengan Pandawa nyamar jadi rahayat biasa salila dua welas taun nepi ka prungna perang Baratayudha.
Nu disorot dina ieu novel téh memang sipat sabar Drupadi anu teu boga dosa nanaon tapi meunang cocoba anu kawilang beurat.
Hiji mangsa dina kariaan hasil akal-akalan Kurawa jeung Sangkuni, Drupadi meunang wiwirang. Harita hareupeun para pangagung tur Pandawa nu teu daya lantaran éléh maén dadu.  Dursasana nu keur katumpangan ku sétan ngudar sanggul Drupadi. Hal ieu mangrupa kawirang anu kawilang gedé. Apan rambut téh mustika anu kudu dipusti-pustiteu meunang digagabahkeun komo jadi bahan kaulinan. Kawantu rambut Drupadi mah panjang lempay bubuhan rambutkagungan ratu. Teu ukur nepi kadinya, leungeun Dursasana newak pakéan Drupadi. Maksudna rék kapalang ngawiwirang Dewi Drupadi. Sinjang rék diudaran nepi ka ditaranjangna pisan. Dursasana nu ukur nyanghareupan tanaga awéwé nu keur meumeujeuhna pahibut méméres deui sanggulna. Teu anéh mun sakorejat ogé tungtung sinjangna beunang. Tapi naha atuh bet teu pupuguh sinjang nu diudaran téh bet manjangan sakitu Dursasana teu eureun metotan. Harita kénéh Drupadi supah yén moal pati-pati daék disanggul deui upama buukna can diangir kugetih jalma nu ngawiwirangna, nya éta Dursasana jeung Sangkuni. Nepi ka prungna perang Baratayudha, sanggeus BIma maéhan Dursasana, buukna diangir ku getih Dursasana jeung sangkuni. Ti dinya Drupadi mimiti disanggul deui.
Béda jeung novel karya Apriastuti Rahayu, dina kasusastraan Sunda ogé aya novel ngeunaan carita pawayangan, judulna nya éta “Kurawa-Pandawa” karya Hidayat Soesanto. Ieu novel téh memang teu sacara husus nyaritakeun lalakon Drupadi  tapi leuwih sacara umum nyaritakeun lalakon Pandawa-Kurawa.
Aya hal anu jadi puseur paniténan. Dina novel Basa Indonesia karya Apriastuti Rahayu kacaritakeun yén Dewi Drupadi téh mangrupa istri Pandawa. Dina harti séjén yén Drupadi téh garwana Yudhistira, Bima, arjuna, nkula jeung Sadéwa. Ieu novel téh nyoko pisan kana carita Mahabarata sajalantrahna. Tapi nalika asup kana wilayah sastra Sunda mah Drupadi téh ngan tunggal milik Yudhistira. Contona, nya éta novel “Kurawa-Pandawa” karya Hidayat Soesanto atawa komik wayang karya R.A Kosasih. Salaki Drupadi téh éstu hiji, nya éta Yudhistira. Najan jadi hésé kahartina kudu narima carita yén Bima ngawales kanyeuri Drupadi ku cara mateni Dursasana dina perang Baratayudha lamun téa nu jadi faktana Drupadi téh lain garwana.
Bakal réa pisan alesan nu bisa dikahareupkeun pikeun nolak carita yén Drupadi téh miboga réa salaki, jumlahna lima, nya éta Pandawa. Budaya poliandri memang teu saluyu jeung palsafah bangsaurang. Loba dalang nu méré alesan kana éta perkara. Alesanna ampir sarua yén teu lumrah lamun digambarkeun Drupadi dipihukum ku lima lalaki.poligami téh jadi hak paten lalaki. Ongkoh apan geus aya ayat parentahna dina kitab suci.
Hal ieu nandakeun yén garis demarkasi gender geus natrat ti baheula. Dina sastra kabaheulaan sok mindeng dicaritakeun para pamingpin ti mimiti sultan, raja, bupati tug nepi ka kuwu boga garwa leuwih ti hiji. Upama sastra bisa dipercaya salaku manifestasi jaman baheula, geuning tétéla awéwé bisa disebut warga kelas dua. Potrét samodel kieu ogé remen kapanggih din kahirupan jaman kiwari. Deukeut kana paribasa  “awéwé dulang tinandé” nu hartina awéwé mah kudu turut ka salaki. Tumut gala paréntah salaki sarta satia ngawula ka salaki.
            Mangpirang tarékah dijieun pikeun ngarobah istilah awéwé salaku warga kelas dua. Lamun teu ati-ati tarékah ieu bisa diklaim galawan kodrat. Parah-parahna disebut ngalawan agama.
Salasahijina, nya éta nu disebut émansipasi wanoja nu loba digedurkeun ku para pahlawan wanoja saperti R. A Kartini jeung Dewi Sartika. Emansipasi ieu bisa salah kaprah. Upamana baé didefinisikeun salaku tiket bebas ngalakukeun hal sakarep ingsun, misalna ngagugu karier nepi ka poho kana kodratna salaku wanoja, salaku pamajika jeung salaku indung ti anak-anakna.
Hakékat emansipasi nu saenyana mah, merjoangkeun hak wanoja misalna dina atikan sarta kalungguhan (legalitas). Sacara umum, emansipasi disawang salaku hal anu hadé, komo deui apan mausa téh miboga kalungguhan anu satata, teu dibédakeun ku ras agama atawa jenis kelamin.
Wanoja miboga hak anu satata jeung lalaki. Misalna dina widang atikan. Wanoja nu wijaksana mah apan dipuji pisan dina agama mah. Komo deui dina ngurus rumah tangga.
Néangan élmu diwajibkeun pikeun awéwé jeung lalaki. Najan kitu dipahing pisan pikeun awéwé miheulakeun ambisina sorangan nepi ka ngabangbalérkeun urusan rumah tanggana. Geus kawajiban hiji wanoja pikeun tumut ka salakina sabab lalaki téh pamingpin. Wanoja diperedih sangkan singer, pinter jeung gesit dina urusan rumah tangga. Dina Al-Quran ogé apan ditegeskeun “….arrijalu qowamuna ala nisa…(Q.S An-nisa 34)” (hartina : satemenna lalaki mingpin awéwé..) .
Jadi, émansipasi téh gumantung kana pamadegan definisina. Upama definisina salaku tarékah nungtut hakna dina widang atikan atawa legalitas nepikeun pamadeganana pikeun kapetingan balaréa tagtuna ieu moal salah. Agama ogé jigana bakal nyapukan jeung muji. Béda upama emansipasi didefinisikeun salaku tiket bebas pikeun ngalakukeun hal sakarep ingsun, komo upama nepi ka ngalawan kodratna. Tong boro agama, masarakat umum ogé jigana bakal nyawad.
Istilah awéwé salaku warga kelas dua nu ceuk pangrasamah teu salawasna bener ogd teu salawasna salah. Benerna nya éta lalaki anu jadi pamingpin apan salawasna aya dina barisan anu utama. Salahna nya éta teu sakabéh hak wanoja dinomerduakeun saperti dina hal nyiar élmu.
Tah, kitu ogé dina lalakon Drupadi salaku wanoja nu haténa pengkuh dina ngalaksanakeun jangjina. Jangji nu mangrupa tarékah pikeun mertahankeun kahormatanana. Negeskeun yén wanoja téh teu bisa diperdaya samanéa. Hal ieu bisa disebut salasahiji wujud émansipasi. Tapi kumaha jeung poliandri? Jigan nu hiji ieu mah teu bisa disebut émansipasi da teu saluyu jeung palsapah bangsa. Demarkasi gender bakal tetep natrat. Cag!

carpon Cupumanik

“Expensive….!!!”
Just for you, forever friend”
Kitu ceunah ungkara nu aya dina lalambar kertas téh. Anteng dipelong salila-lila.
“Hiji, dua, tilu, opat, lima….”
Bisa ari ngitung wungkul mah. Dalah éta gé diajar ti Kang Kardi nu kungsi ngasaan bangku sakola sanajan teu nepi ka tamat ogé. Da meureun kaayan téa anu teu ngarojong pikeun sakola. Tapi mun dibandingkeun mah,  nya meureun leuwih untung manéhna kungsi disaragam beureum bodas  najan teu lila.
Ukur lima kecap padahal mah. Basa Inggris ceunah nu kitu téh. Tapi tetep wé ngan ukur bisa dibulak-balik lalambar kertas téh. Boro-boro bisa dihartikeun dalah macana gé teu bisa. Ah….
Teu pira lalambar kertas téh meunang mulung urut bungkus bala-bala nu dibeuli tadi isuk-isuk. Bala-bala tilu siki. Ari meulina mah sarebueun, meunang dua tapi diémbohan hiji ku Bi Ijah nu ngajualna. Sisi kenca katuhuna katangen urut nyoéhkeun. Kertas HVS tayohna mah. Da bodas, teu aya garisna jiga buku tullis nu ilahar. Pinuh ku tapak minyak kertas téh, da geuning urut bala-bala tilu siki téa. Di tengah-tengahna aya tulisan “Just for you, forever friend”. Duh,  kumaha téa atuh ieu téh dibacana?
“Basa inggris téh basa internasional. Tah, lamun hayang ka luar negeri, urang téh kudu bisa nyarita make basa Inggris.” Masih kénéh napel dina ingetan. Bari pogot kana tumpukan runtah Kang Kardi kungsi nyarita samodél kitu.
Harita téh wakca hayang ngurilingan dunya saba unggal nagri. Nyiar rupa-rupa kaahéngan. Geus bosen asana téh ngurilingan unggal pamiceunan runtah. Nyiar mangpirang rongsokan nu masih kénéh bisa dijual, dikilo keur sakalieun meunang sangu sabungkus. Kitu jeung kitu wé ti wanci ka wanci téh.
“Ulah luhur-luhur teuing boga cita-cita mah. Keur bangsa jiga urang mah, meunang keur sakalieun dahar ogé geus untung,”  ceuk Kang Kardi bangun nu jauh panineungan.
Cita-cita ceunah ceuk Kang Kardi mah nu kitu téh. Teu resep jigana mah nempo nu jiga kasarung téh. Enya, kasarung ku kahayang ngurilingan dunya téa téa. Anjing ngagogogan kalong téa ceuk Kang Kardi mah.
Tapi ceuk pangrasa mah, ulah kéok méméh dipacok. Keun wé, sugan diparengkeun boga milik gedé, saha nu nyaho sugan pareng meunang emas tina gundukan runtah. Saha nu nyaho?
Ayeuna mah rék diajar basa Inggris wé heula. Kudu capetang.
“Just for you, forever  friend”
Aaahh, ieu téh naon téa atuh hartina. Kumaha macana?
***
Méméh nguriling néangan rongsok, bari ngeupeul bala-bala sarebueun diémbohan hiji, sok anteng neuteup nu ngabring di saragam bodas beureum. Rék nyukcruk élmu. Nu dibekelan keur jajan ti kolotna sewanng-sewang. Nu rék dialajar basa inggris!
Mindeng kapireng nu disaragam beureum bodas téh nyaritakeun pé ér bari gogonjakan.
“Ari pé ér téh pekerjaan rumah. Tah, nu sakola mah sok dibéré pé ér sangkan daék diajar téh.
Mana kitu téa mah nu beureum bodas mah palalinter. Diajar sagala. Bisa sagala rupa. Diajar basa inggris. Bisa capétang basa inggris.
Lalambar kertas “Just For you, forever friend” téh masih dina keupeulan. Hayang lumpat muru nu ngabring disaragam beureum bodas. Hayang nanyakeun “Just for you, forever friend” téh naon téa atuh pihartieunana. Kumaha téa atuh macana? Malah mun bisa mah haying nanyakeun nu kumaha ari pé ér téh. Kumaha téa ari di sakola téh?
Tapi boro-boro nyampeurkeun. Geuning nu ngabring di saragam beureum bodas téh teu ngeunah teuteupna. Bangun nu ijid. Pedah sapopoé ngagugulung runtah meureun. Béda jeung maranéhna nu salawasna beresih, rapih da geus puguh kitu aturanna ari nu sakola mah.
Hayang pisan ngarenghik ménta disakolakeun da ceunah ceuk Kang Kardi mah ayeuna téh aya sakola haratis. Sakola téh teu mayar ceunah.  Geus dipangmayarkeun ku nu beunghar jaman kiwari mah. Tapi tetep wé bingung, najan enya dipangmayarkeun ogé, da kudu ka saha teuing ngarenghikna. Sasat geus teu boga indung bapa. Rék ngarenghik ka Kang Kardi, geus pasti moal didéngé. Padahal teu pira kahayang mah, baé diajar basa inggris wungkul ogé. Ah….
***
Geus apal ayeuna mah harti “Just for you, forever friend” téh. Da geuning diparengkeun meunang sacewir kamus nu sabagéan geus pinuh ku tapak ngegél rinyuh. Tapi najan kitu teu nanaon da masih kénéh bisa dimangpaatkeun. Kabeneran Kang Kardi bisa makéna. Néangan kecap tina kumpulan kecap nu ngadérét dina éta kamus. 
Bungahna nataku. Malah mah ayeuna gé geus bisa makéna. Meunang diajar ti Kang Kardi. Tuh, geuning najan teu kungsi disaragam beureum bodas ogé geuning bisa ngarti basa Inggris. Moal lila ogé jigana bakal capétang make basa Inggris. Jeung untungna mah Kang Kardi teu korét jiga nu nu disaragam beureum bodas. Najan meureun élmuna Kang Kardi mah teu sabaraha.
“Just for you, forever friend” téh hartina ukur keur anjeun, salawasna sobat.
Dina hiji mangsa, tos meuli bala-bala ti Bi Ijah meunang deui lalambar kertas nu aya ungkara basa Inggrisna deui jiga harita. Ngan béda kekecapanna, nu ieu mah unina téh “And the education is expensive”.
Hanjakal, ukur bisa ngahartikeun sapotong. Dina kamus pamanggih téh teu kapanggih kecap “expensive”. Leungit digégél rinyuh tayohna mah!


Ku : Kiki Pratiwi, Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung,