Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Minggu, 13 Mei 2012

Béntang

 
            Juru-juru kamer nu ngabigeu. Potrét-potrét lawas nu ditalikung pigura. Eunteung nu ngagantung mantulkeun kalangkang beungeut nu pias. Bonéka-bonéka nu imut bangun taya karingrang. Nya didieu léngkah mimiti kandeg. 
            Geblug!
            Panto nu muka ditutupkeun ku angin bangun taya rasrasan. Ukur bisa ngusapan dada.  Na saha atuh nu asup ka imah bari jeung pantona teu ditutupan deui. Moal énya kitu si Tanteu wayah kieu geus mulang. Tara-tara ti sasari. Atawa Bi Icih? Atawa boa-boa maling?
            “Damang ayeuna mah?”
            Ngarénjag. Simpe sajorélat. Ukur imutna nu atra karasana. Imut asih. Imut deudeuh.Geuning enya si tanteu nu tadi asup téh.
            “Tah, geura emam heula obatna. Ke Tanteu wangsulna wengi nya..”
            Bari gék diuk dina sisi dipan. Ramo-ramo nu léncop pinuh ku kitek kusak-kusek murakan obat nu réa rupana. Ngahaja ceunah menta obat cair ka doktérna. Rasa stroberi ngarah teu pait. Ngarah téréh sakola deui jiga batur, jiga si Gilang jeung Gumilar.
            Deudeuh teuing. Kapan ieu obat téh ladang késang Tanteu unggal poé. Unggal peuting pernahna mah. Tétéla bélana najan hésé léngkah. Mindéng kabandungan mangpirang werejit nu diragragkeun pikeun Tanteu. Tapi kanyaah langgeng hamo robah jadi cangcaya.
            Kungsi sakali mangsa Tanteu nyarita naha manéhna tara aya di imah nalika peuting. Ceunah mah sok saré dina méga. Méga-méga nu aya di langit? Enya, éta pisan. Bari jeung ngalaan béntang nu sok dibantuan ku bulan.
            Bari ngusapan, Tanteu nuluykeun carita. Bari ngalaan béntang, Tanteu sok nulis-nuliskeun mangpirang du’a keur urang duaan dina tiap lalambar langit. Sangkan salawasna dipaparin bagja. Sangkan cumpon sagala kahayangna. Tah, béntang nu diala téh ceunah sok jadi duit nalika datang ka dunya téh.
            Mulya pisan salira téh Tanteu. Nu teu wéléh asih, nu teu wéléh deudeuh. Nu imutna langgeng, nu atra tresnana.
            Tapi horéng ceuk Bi icih mah lain kitu. Béja nu matak mantengkeun simpay sulaya. Nepi ka kacangcaya jeung guligah lana dipibanda. Najan taun-taun nu kalarung lalakon urang teu weléh atra gurat katigin. Léngkah urang Tanteu, apan salawasna sawirahma.
            Ceunah Tanteu mah lain mapay-mapay méga unggal peuting téh. Tapi éstu mapay-mapay bar. Mapay-mapay jalan-jalan nu hégakna ngaduruk ringkang. Tuluy indit babaréngan malah abring-abringan jeung jalma nu rupan teu béda jeung bapana si Gumilar.
            “Kapan unggal wéngi téh sok diwedak, dilipstik, dishadow....”
            Ah. Tanteu...  apan anjeun téh salawasna batur nu meunggaskeun keueung. Nu sarua pada-pada haget ngagusur léngkah-léngkah ludeung dina kateudayaan. Nu sarua mindeng milang tatu bari jeung teu eureun mipit impian. Nu teu weléh lumampah najan tetep teu timu pangjugjugan. Nu jauh ti aral subaha najan rasa salawasna dipergasa.
            Kungsi sakali mangsa mapay-mapay laratan nu jadi kolot. Kapan ti mangsa nu lawas ku warsa jeung waktu nu kakubur windu, can pérnah nimu teuteup nu jadi kolot. Saperti si Gilang jeung Gumilar nu salawasna dipépéndé indung. Salira ukur imut. Imut nu mibanda réwuning harti nu hamo bisa diungkarakeun hiji-hiji. Jeung asihna nu salawasna ngagalindéng. Nu maneuh wakca mangpirang tigin.
            “kanyaah tanteu, teu béda ti kanyaah nu disebut indung..” ceuk Tanteu harita.
            Ukur bisa imut. Simpé. Ukur teuteup urang nu jadi ungkara katigin.
            Kiwari angin peuting lirih deui. Ngendag-ngendag saban angen nu longkéwang. Dina léléngkah angin teu cangcaya aya rénghap Tanteu. Di mana ayeuna ? Tangtuna keur pahibut ngalaan béntang, pagaliwota jeung mangpirang jalma. Atawa pahibut jeung wedak-wedak nu dipulaskeun nutupan raray Tanteu nu rubak téa. Ah, keun baé asal énya kitu. Lain jiga béja nu mindéng diharéwoskeun Bi Icih.
            Handapeun cacaang bulan, nu tangtuna ku Tanteu mah mindeng ka toél. Nu tangtuna jadi sobat tiap peuting, ieu raga nyoba mapag kalangkang Tanteu nu boa bakal katitén di langit. Ramo Tanteu nu léncop nu ngacung-ngacung séja ngajarumat béntang pikeun bekel urang manjangkeun léngkah.
            Hiji mangsa mah Tanteu, ieu raga nu baris mapay-mapay jalan langit téh. Nu bakal mawa mangpirang béntang. Nu bakal ngaguratkeun réwuning impian nu tan watesan. Lain ukur Tanteu nu bakal sosobatan jeung bulan. Hanjakal ayeuna mah raga keur katalikung ku sakit. Tapi hiji mangsa, Tanteu tong cangcaya.
            Taya hartina mun hiji mangsa teu bisa kedal bakti. Kapan tiap kalimah nu wakca ti Tanteu teu eureun ungkara harepan, yén hiji mangsa ieu raga ulah ukur jadi kalangkang.
            “Ulah nepi ka kasarung dina lulurung nu taya tungtung..”
            Teuing naon hartina. Da geuning saban ucap, saban lampah lalakon Tanteu salawasna miboga réwuning harti. Ukur imut bari jeung kedal dina jeroning haté, éta harepan moal nepi ka muguran. Salawasna panceg hamo peunggas tina dahan.
            Peuting masih kénéh atra kasimpé. Lir atrana kamelang jeung jeung karingrang nu habén nyaliksik usik. Aya nu lantip haharéwosan dina leunjeuran riwan. Naha ujug-ujug tétéla aya sono nu kumareumbing dina lamping-lamping diri. Nu ahirna nungtun tineung ka sarwaning rasa. Rasa nu langgeng tresna ka Tanteu.
            Tanteu, geura bawa ieu diri kana lahunan. Geura tangkeup geugeut sangkan rénghap jeung harepan hamo aya nu ngaririwaan. Kapan manglaksa béntang geus hasil diringkid, geura bawa kadieu Tanteu. Geura bawa.
***
            Tanteu, geter asih salira hamo leupas tina wirahma. Anteng ngantay-ngantaykeun kalimah tresna antara urang duaan. Najan kalan-kalan kahariwang ngalangkangan rerencepan niruk kalbu. Boa lalakon ngan samet kadieu. Ah, tapi henteu. Da geuning ayeuna Tanteu aya di gigireun, ngusap-ngusap sirah bari haben imut kayungyun.
            Tanteu, naha ieu nu ngusap-ngusap sirah téh ramo salira nu mindeng ngajarumat béntang-béntang urang. Béntang-béntang nu baris maréngan dina tiap léngkah téa? Ramo nu ngusapan bangun asih, ramo nu nangkeup bangun deudeuh. Najan lain ramo wanoja jiga indung si Gilang jeung Gumilar. Tapi geuning asihing indung tetep natrat di salira.
***

Kawali, 2012