Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Minggu, 26 Februari 2012

Lipstik


Atra kénéh asihing salira nu mindeng mupusti. Jiga Subadra. Nu geulis lir dipapaés mayang aruman. Niruk ati tiap nu nempo. Ceuk salira mangsa harita. Padahal harita mah can kungsi dipulas ieu pameunteu téh. Teu beureum, teu héjo. Tapi imut salira atra ngagurat. Teuteupna ngagupay sukma. Mapay-mapay lulurung gandrung. Natrat atra katresna.
Ayeuna geuning leungiteun. Salira duka dimana. Teu maliré sono nu mindeng jadi kapegung. Matak atra kaliwung. Padahal mun aya salira didieu, ieu bagja tangtu sampurna.
Rupa-rupa pulas dina pameunteu, bodas ku wedak. Aya katumbiri dina mata. Hanjakal lain katumbiri nu mawa hibar. Lain katumbiri jiga di langit nu ceuk salira pulasna éndah taya papadana. Aya nu ambucuy dina ieu biwir. Lipstik!
Apan geulis ceuk sasaha ogé. Balaréa pada nyanjung. Rupa-rupa pulas dina ieu pameunteu. Mapaés nambahan rupa anu hadé. Geulis ceuk sasaha ogé. Na salira nu baheula mupusti, bet ayeuna sakolebat pindah rasa. Pindah wakca, pindah pamuji.
Leungiteun pisan salira nu haben jadi panutan. Nu teu weleh leupas kanyaahna. Nu asihna teu weleh natrat. Apan jeung salira téa maheutkeun seja ngajarumat bulan jeung bentang. Mapay-mapay cukang langit, galuring carita urang. Ukur salira panglumpatan manglaksa liwung jeung suwung.
Naha salira teu resep ningal ieu lambé dipulas ku lipstik? Nu rupana matak helok, matak resep nu nempo. Jiga mangpirang jalma-jalma nu ayeuna serab. Nu ayeuna pada-pada muru hayang ngagaléntor. Pada-pada nyanjung. Pada-pada mikagandrung. Padahal ukur ku lipstik!
Lipstik-lipstik ieu nu nyababkeun salira bendu. Ieu lipstik nyababkeun salira cangcaya.  Padahal lipstik ieu nu  ngarobah galuring carita. Ngarobah lalakon jadi pinuh ku kabagjaan. Lipstik ieu nu jadi mustika hirup di dunya. Enya pisan ngarasa waluya sanggeus maké ieu lipstik. Naon rupa nu dipikahayang, teu wéléh kahontal.
Apan sakitu weritna hirup nalika can wanoh ka nu ngaranna lipstik. Ngembat jalan kamana waé ogé teu waé meunang jalan bagja. Pada-pada cangcaya sihoréng teu dilipstikan mah. Teu dipapaésan. Taya nu daék ngarangkul taya nu daék nunda ‘na lahunan.  
Gap deui kana ieu lipstik, nu tadi ukur dirérétan. Rat, tuluy dipulaskeun deui kana biwir. Nyéh, imut. Apan sakieu geulisna. Masih tetep jiga Subadra. Tapi ah, naha bet salira bendu?
“Piceun!” ceuk salira harita.
Lipstik nu keur dicekel téh direbut. Pabenyeng-benyeng. teu hayang mikeun jeung ngaleupaskeun. Tapi tanaga salira nu leuwih rosa matak éléh. Lipstik tuluy dialungkeun. Nenggel pisan kana tembok. Lipstik kameueut téh paburantak, mancawura. Teu ukur kitu, lipstik nu balatak di kamer ogé diasupkeun kabéh kana kérésék, gap kana korék api tuluy diduruk. Di Duruk! Ngan ukur bisa neuteup jeung rambay cimata.
“Lipstik mah ukur papaés suwung!” atra kénéh ‘na ingetan.
Ti harita salira duka kamana. Salira bendu. Hanjakal tetep teu bisa leupas tina lipstik. Beuki dieu beuki geugeut ka nu ngarana lipstik. Beuki resep ngumpulkeun lipstik. Beuki loba, rupa-rupa pulasna. Teu ngan ukur nu pulas beureum ayeuna mah. Geus aya nu héjo malah mah aya ogé nu rupa pulas hideung.
Ti balébat ka balébat anteng nganti salira. Tapi nu datang ukur Banaspati. Ukur Banaspati. Nu haben ngaharéwos pikeun ngamomorékeun salira. Nu haben mawa mangpirang kecap sangkan leungit rasa tineung ka salira. Sangkan leungit sono ka salira.
Salira geus pasti teu suka. Sabab Banaspati pisan nu ngawanohkeun lipstik téh. Nu ngagupayan jeung ngajak lalakon ngembat-ngembat jalan ayeuna. Jalan nu ceuk salira pinuh mangpirang suwung.
“Paké ieu lipstik. Mangka manéh bakal nimukeun sajatining hirup di dunya.” Sora Banaspati lir méré lolongkrang pikeun nu liwung.
Gap deui kana lipstik. Rat dipulaskeun deui kana biwir. Nu tadi mah beureum ayeuna mah nu héjo. Nyéh imut. Masih kénéh geulis jiga Subadra. Balaréa pada hookeun, pada kasima. Pada nyanjung.
Aya rasa sugéma tapi tetep ngarasa suwung. Malah mah haté kalah mindeng ditirukan kalangkang karumasa. Ah.. leungiteun pisan ku salira téh..?
***
Balaréa masih pada-pada nyanjung. Pada-pada anteng ngalahun. Pada-pada kasima. Kecap-kecap jeung wirahma dangding atra kénéh aworna kaluar tina lambé nu dipulas lipstik.
Ti kajauhan, beuki lila beuki atra  aya sora haréwos. Haréwos saha? Gening asa sora haréwos salira nu harita teu weleh leupas kanyaahna. Nu asihna teu weleh natrat. Panglumpatan manglaksa liwung jeung suwung
“Hanjakal ayeuna mah gening pinuh ku pupulasan.” Boa éta haréwos salira.
Gap deui kana lipstik. Rat dipulaskeun deui kana biwir. Nu tadi mah beureum jeung héjo, ayeuna mah pulasna hideung.
 “Mangpirang wakca ngawirahma suwung.” Gening aya deui.
Nyéh imut. Horéng geus teu  jiga Subadra. Najan balaréa pada hookeun, masih pada-pada kasima. Masih pada-pada nyanjung. Balaréa masih pada percaya kana mangpirang wakca tina ieu lambe nu dipulas lipstik.
“Ukur campelak sabda ngagugu nafsu.”
 Haréwosna beuki atra. Teu wasa nahan karumasa. Lampah harita ukur bisa nyuuh.
Ah, gening ayeuna mah Banaspati atra ‘na diri.

***



Senin, 13 Februari 2012

Sajak Manglé No. 2319


Kalangkang Indung

Ukur kalangkang nu némbongan ‘na ieu eunteung
Nu ngadon gugupay mapay jemplingna peuting
Palangsiang nu diacung-acung ngan balati
Bareng jeung instrumentalia dangding suwung
Nu ceunah warnaning tineung
Gelas jeung rupaning anggur midangkeun kapireu ungkara asih anjeun

Lalaunan tétés demi tétés getih kumolocor
Geuning réma anjeun jeung balati ngusap ieu pameunteu

Anjeun ukur kalangkang jeung dimana téa?
Padahal ieu raga baris ngalalantis sono
Kapan can kungsi anjog ‘na lahunan

Satengahing waktu anteng nyidem tatu
Rumanggieung ngukir lukisan anjeun
Indung, salira teu weléh atra!

Bandung, 2011

"Jeung Angin" Carpon Mangle 2327


     
Ti iraha urang anteng sosobatan angin? Boa bakal langgeng salawasna. Teu nanaon da geuning tétéla anjeun anu satia. Satia niiskeun hate. Satia mirengkeun aral subaha. Resep temen langgeng sosobatan jeung anjeun mah, Angin. Teu jiga si Gilang jeung si Redi nu resep heureuy nyabakan harigu budak awéwé. Teu jiga si Amir nu resep noongan rok budak awéwé. Teu jiga si Siska jeung si Lia nu leuwih anteng ulin jeug bonéka Barbie nu rupana jiga jurig.
       Boa didieu urang munggaran tepung téh, Angin. Dina jandéla nu haat jadi saksi kasono urang. Kasono nu ngancik saban wanci. Kasono nu boa-boa numuwuhkeun rasa nu teu biasa téa. Bogoh meureun ceuk batur mah.
       Angin, dina detik ieu séja nganti anjeun. Bari meureumkeun mata, nyeuseup jero anjeun. Méré hawa seger pikeun bayah, mawa katigin, méré kakuatan. Bari beunta lalaunan, imut leleb ka anjeun. Ukur anjeun.
       Na lahunan anjeun urang anteng sosonoan. Hiliwir anjeun teu weleh ngusap-ngusap ieu sirah. Asihing anjeun nu atra karasana. Dina lahunan anjeun urang ngawang-ngawang. Mapay tiap lalambar langit tuluy didinya urang ngukir mangpirang impian sarta manglaksa rusiah urang duaan.
       Sanggeus éta, masih dina lahunan anjeun, urang neruskeun lalampahan mapay éndahna katumbiri. Éndah pisan taya papadana. Sarwaning warna.
       “Katumbiri téh cukang ka sawarga, tempat ngancikna para pohaci!” ceuk anjeun harita.
       Bet asa ku reuwas harita, barang ngadéngé sawarga. Apan sawarga mah tempat imahna indung. Horéng geuning sawarga téh henteu jauh. Boa éta pohaci téh indung nu nepi ka kiwari ukur kalangkang. Hayang pisan tepung jeung indung. Hayang pisan ka sawarga.
       “ Upama hayang ka sawarga,” ceuk anjeun harita bari nunjuk kana tungtung katumbiri, “Urang kudu indit heula ka kalanggengan.”
       Kalanggengan? Sawatara waktu urang paheneng-heneng. Masih kebek ku kahémeng.        Hémeng ku sawarga jeung kalanggengan. Kamari nu haben jadi bangbaluh téh, dimana teuing ari sawarga. Ari ayeuna geus kapanggih horéng geuning bet kudu ngajugjug heula kalanggengan. Ah, dimana teuing ari kalanggengan téh?
       “ Apan ari indung mah anu tadi nangkeup geugeut Bapa? Naha kudu ditéangan heula ka sawarga?” Anjeun neuteup bangun leleb naker.
       Ah, da éta mah si Tanteu, lain indung. Nu haben molototan, malah sakali mangsa mah sok nyiwit nepi ka geuneuk. Nyeri apan ari diciwit téh.
       Remen pisan kapperego si Tanteu keur silih tangkeup jeung Bapa. Bari nginum cai nu bauna kacida. Nu botolna diingkeun sina paburantak. Geus kitu mah duanana indit ka kamer, gagaléongan, tuluy pantona ditutupan, ditulakan. Ukur duaan di jero kamer, Bapa jeung si Tanteu.
       Teu jiga indung si Lia jeung si Siska nu saban poé nganteur ka sakola, nu sok ngusapan sirahna lamun ceurik. Teu jiga indung si Gilang jeung si Redi nu saban dahar ngahuapan. Si Tanteu mah apan sok bangun nu ijid ari tepung pamprok ogé.
       Kungsi sakali mah nyangka yén indung téh, nya éta Bi Iti. Sasat nu ngarorok ti leuleutik. Nu ngasuh ti leuleutik. Sarua jiga indung si Siska jeung si Lia. Teu béda jeung indung si Gilang ogé si Redi. Agul nu aya harita mah. Tapi naha saréréa bet kalah nyeungseurikeun. Ujug-ujug melengis mangsa Bi Iti wakca lain indumg. Da ceunah indung mah ayeuna aya di sawarga.
       Geuleuh jadina téh ka Bi Iti. Padahal mah geus wé ulah wakca balaka nanaon. Sangkan tetep jiga batur, boga indung.
       Duh Angin, bet teu wasa nahan nu ngeyembeng dina kongkolak. Tapi anjeun bangun nu surti.
       “Nya geus atuh ayeuna mah urang mapay jemplinga peuting wé, yu. Mapag bulan, mapag béntang.”
       Ukur bisa unggeuk.
       Deui-deui di bulan anjeun méré katigin jeung kakuatan. Anteng dina lahunan anjeun mapay jemplingna peuting. Peuting anu urang.
       Samet ayeuna mah boga deui sobat anyar. Bulan jeung béntang. Tapi tetep wé ngan saukur ka anjeun bisa cumarita mah. Ngébréhkeun manglaksa kapegung. Ukur anjeun nu bisa méré hawa nalika ieu bayah geus pinuh ku manglaksa rajawisuna.
       Bareng jeung bulan anjeun ngahariring. Ceunah mah dangding kacinta. Ah, angin atra sétraning anjeun, atra asihing anjeun.
       Tiap detik tetep nganti anjeun. Meureumkeun mata, nyeuseup jero anjeun. Miharep hawa seger pikeun bayah. Miharep katigin. Miharep kakuatan.
       Di jandéla ieu ngungun nganti anjeun, pinuh kaliwung. Geus mangpirang wanci nu dililiwatan. Apan masih kénéh hayang anjog ‘na lahunan anjeun. Kacida simpéna ieu wanci. Kacida eungapna ieu bayah. Dimana téa anjeun téh? Padahal anjeun geus jangji rék marengan néangan indung ka sawarga.
       Harita mangsa urang geus sosonoan. Kapireng Bapa nyarita, “Gélo sugan budak téh, ngomong sorangan, seseurian sorangan”
       Barang dirérét, si Bapa keur nulak cangkéng bari digaléntoran ku si Tanteu.haté ujug-ujug ngadégdég. Geuleuh pisan nempo si Tanteu harita. Ceurik, jojorowokan beuki motah. Dina tungtung teuteup si Tanteu téh atra Banaspati. Jurig awéwé nu remen didongéngkeun ku Bi Iti.
       Bulan, sobat urang téa, nu aya dina keupeulan, harita dialungkeun satakerna. Bulan nu dialungkeun téh nepi kana sirah si Tanteu. Si Tanteu nu haben ngaririwaan téh ayeuna mah baloboran getih.
       Hahaha … resep temen nempona. Beureum jiga gulali.
       Ah, Angin. Dimana anjeun harita
***
       Angin, dina detik ieu seja nganti anjeun. Bari meureumkeun mata nyoba nyeuseup jero anjeun. Detik ieu butuh hawa pikeun bayah. Butuh katigin,butuh kakuatan. Bari beuta lalaunan, imut leleb ka anjeun. Tapi tétéla, suwung!
       Dimana anjeun Angin?
       Nu mawa mangpirang hawa bagja. Nu haben mawa katineung ‘na tiap lalambar langit nu pinuh impian urang, ‘na katumbiri, ‘na bulan jeung béntang.
       Angin di ieu karangkéng, masih anteng nyipta anjeun. Nganti ka kalanggengan.

Minggu, 12 Februari 2012

Sajak Kiki Pratiwi


Saréwu  Asih Salira

Dina hibar langit, dina rengatna hawa
Dina jarak nu hamo langgeng atra misahkeun
Masih anteng ngagambar sarewu asih salira
Nu ragrag tina sapasang panon
Jeung kingkilaban nu tigin ngolébatkeun imut salira

Kuring longkéwang, kasarung dina kulawu jeung kapegung
Beuki anggang, beuki anggang, méh sapuk jeung kasimpé
Lalaunan dirurub tihang-tihang waktu
Tapi kalimah salira éstu ligar mangkak
Pikeun kalbu, pangjugjugan bagja.
 
Ahh, kasimpé mana nu mampuh ngaruntagkeun asih salira
Cacak balebat jeung halimun  haben nyaksi
Runtuyan kecap ngawujud kalimah du’a

Ayun ambing, ayun ambing
Indung, atra asihing salira
Najan balébat kari gupayna
Najan halimun kari suwungna