Film pondok “Lemah Cai Kulup” mangrupa
film nu diangkat dumasar carita pondok Hadi AKS dina judul anu sarua. Disutradaraan
ku Icang Tisnamiharja. Film jeung carpon ieu nyaritakeun kaéndahan lemah cai,
nya éta Indonesia. Kaéndahan nu mindeng dicaritakeun ku guru Kulup. Tapi di
sagedengeun éta dipangaruhan ku kaayan sosial nu harénghéng mangsa harita. Loba
jalma nu ditéwak teu puguh alésanna bari jeung teu puguh laratanana. Saperti
Bapa si Kulup nu ditéwak bari jeung teu apal kumaha lalakonna.
Pikeun
ngabandingkeun antara carpon jeung film “Lemah
Cai Kulup” perlu sababaraha kali maca jeung lalajo. Maca nu lain ngan ukur
téks tapi sacara kontekstual.
Carpon
dimimitian ku deskripsi ngeunaan kaayan lembur dina wanci peuting sarta jeung Kulup nu keur ngawawaas
kaéndahan alam nu dijéntrékeun guruna di sakola. Bareng jeung indungna nu
anteng ngayasin.
INDUNG peuting geus lila turun.
Ngarungkup unggal suhunan, nebar nyaliara dina runggunukna kakayon nu ngurung
lembur. Poék baé saparat-parat téténjoan téh. Ukur lantéra atawa cempor hiji
dua nu ngendang kakalicesan di sawa-tara tepas. Pangeusi lembur liwat isa teh
geus kabéh ngarampih. Ngarerem atawa boa keur pada ngahéphép di enggon
séwang-séwangan. Kilang kitu kadéngé kénéh sada nu keur ngaji, ngala-ong halon
ti hiji imah. Barudak nu tadi haneuteun raong ngaraji di bale, geus buriak
marulang. Tuh, katenjo keneh gubar-gubar obor baralakna. Hurung ngagalebur muru
tungtung lembur beulah kalér.
Béda ti sasari hawa lembur teh.
Tiiseun pisan. Ngan angin baé ngaguruh. Angin selatan cunduk usum, ngagelebug
ngoyag-keun dangdaunan kalapa. Ti unggal tepas sasarina sok kadéngé nu
ngawangkong tinggereweng, harita mah euweuh sora nu batuk-batuk acan. Ngahareup
peuting téh saréréa ogé pantesna tuluy jempling caringcing baé. Taki-taki
ngawaskeun dédéngéan jeung téténjoan bari ronghok naroong tina mata bilik.
Nyidik-nyidik bisi aya nu ngaringkang ka buruan.
Kaayaan harénghéng kitu téh ku Kulup
mah teu karasaeun.
Bari dadapangan dina samak saheulay,
manéhna anteng baé gagambaran. Ngagambar sawah, gunung, jeung laut. Saka-peung
manéhna ngahariring, ngapalkeun lagu nu tadi beurang diajarkeun ku guruna.
Sedeng
dina film dimimitian ku visualisasi kaayaan lembur nu harénghéng, aya jalma nu
ditéwak teu pupuguh. Hal ieu jigana pikeun méré visualisasi ka nu lalajo yén
mémang dina mangsa harita téh keur meumeujeuhna harénghéng. Kapan tuluyna mah
dikuatkeun ku ayana tokoh wanoja gélo, nu tétéla mangrupa pamajikan ti nu
ditéwak dina adegan mimiti.
Lian
ti éta tina jalan carita ogé pan aya nu robah. Nalika dina carpon dicaritakeun
yén nu ngabéjérbéaskeun éndahna lemah cai téh nya ku guruna Kulup. Sedeng dina
filmna mah, teu ditoél-toél acan perkara guruna mah. Ngan barang diputer
filmana téh geus ngong baé aya lagu “Rayuan
Pulau Kelapa” nu dihaleuangkeun ku Kulup nu tangtuna ieu laguna téh geus
diajarkeun disakola. Kaéndahan lémah cai ukur dibéjérbéaskeun ku bapana Kulup.
Éta ogé ukur ngaliwatan ngimpi. Tah, lébah dieu mah mémang luyu jeung carponna.
Tuluy
ngeunaan pupuh Maskumambang nu kuduna dihaleuangkeun ku guruna Kulup tapi kalah
ku Aki Ajuk. Nalika Aki Ajug nu ditéwak ku sababaraha jalma nu teu, nu layonna
dibawa teuing kamanna. Nalika divisualkeun mah apan teu kitu. Nu néwak aki Ajuk
kacida raména sédéng layonna disalib di buruan imahna. Geura dina naskah
caronna mah kieu :
......Aki Ajuk gogoakan kawas aya nu mepegan. Tuluy
sada palupuh brag-brig-brug kawas aya nu digusur ka tepas. Geblug sada aya nu
ditutugkeun sakaligus ka buruan. Kulup meh-mehan ngoceak, kacipta akina nambru
teu usik teu malik. Sirahna pantesna anu nutug teh, da teu kadenge humaregung
atawa tulung-tulungan. Tapi bangun terus diteunggeulan da sidik sora buk-bekna
paneunggeul. Jarempling bae nu mergasa teh, euweuh nu kadenge ngomong
sakemek-kemek acan. Teu lila kadenge sada aya nu digusur ti buruan. Aki Ajuk
pantesna geus ngulahek teu nyawaan. Layonna dibawa nyingkah, rek disampaykeun
biheung di mana.
Hal
anu kudu digurat handapan séjénna téh nya éta perkara ngadadarkeun kaéndahan
alam. Nalika maca carponna mah geuning kaéndahan alam nu dibéjérbéaskeun ku
guruna Kulup téh bét asa tembres pisan kana manah téh.
"Handapeun langit nu salawasna
biru, ngampar tanah nu subur ma'mur, lemahcai urang, Indonesia. Endah pisan ieu
lemahcai téh, barudak, sakumaha kaéndahan anu mindeng sok katenjo ku urang
saban waktu!"
Guruna
ngajak kaluar ti rohang kelas. Barudak sina nya-reuseup kaéndahan nu ngampar
hareupeun sakola. Kaendahan anu sabenerna katenjo ku maranéhna unggal poé.
Pasawahan Citapis nu ngeplak, Kutakarang nu ngabedega, tangkal sempur-na,
kebon-kebon kalapana, situ Cekdamna. Sakabéhna nu aya di éta lembur geus
ngalangkang dina ingetan barudak. Tapi harita basa diterangkeun ku guruna, éta
kaendahan téh leuwih tembres. Nyerep kana mamaras séwang-séwangan.
Pok deui guruna bari tutunjuk:
"Tuh,
tingali angin selatan ngahiur ngusapan mumunggang Kutakarang, ngulinkeun daun
sempur, ngulangkeun dangda-unan kalapa."
Barudak
jempling. Rajeg neuteup ka jauhna. Aya nu he-lokeun, colohok baé neuteup
beungeut guruna.
"Eta angin téh henteu salawasna
ngaguruh gumelebug, barudak. Aya kalana sok leler ngahiliwir. Ngarayap
lalaunan, noélan dibun 'na tungtung daun atawa ngariak-riakkeun cai talaga nu
ngenclong."
Pa
Guru tuluy ngalieuk ka tebéh kidul. Pok deui:
"Tuh, leuweung-leuweung
katenjo ngemploh satungtung deuleu, ngalingkung gunung-gunung nu paul kasaput
halimun. Itu lebakeunana pasawahan ngeplak. Dina usum panen urang sok nénjo
burahayna pare konéng. Manuk-manuk ngahariring ngabubuhan, piit atawa manyar.
Tuh, dina tangkal sadang sisi sawah manyar mah sok nyarayangna, ngagarantung
kawas buah kukuk."
Pa Guru ngajak nguriling ka pipir
sakola, ka lebah taneuh nu rada luhur. Ti dinya pamandangan leuwih atra
katenjona. Angin karasa ngahiuk ku barudak. Tiis ngahiliwir kana daun ceuli,
kadenge ngahéar dina daun kalapa nu ngaginggeung tukangeun sakola.
Bari kitu, bari ngajarengjen
ngararasakeun angin, guruna ngajak nénjo ka beulah kalér, ka lebah laut
Citeureup. Teu katenjo lautna mah da puguh kahalangan ku tatangkalan, tapi dina
wangwangan barudak éta laut téh kacipta.
"Di basisir Citeureup urang sok
nenjo biruna laut. Urang gé sok nenjo parahu nu karék miang nangtang ombak
atawa nu lapat-lapat jauh pisan. Pamayang aya nu ngangkleung ngawelah jukung,
ngala lauk tepi ka suku Gunung Rakata. Saban waktu angin jeung ombak gumuruh,
neang jeung nganteur pamayang ka tengah laut. Laut urang nu salawasna biru, nu
nyidem rusiah jeung pirang-pirang kakayaan."
Mungkas caritaanana, Pa Guru
nyarita kieu: "Teu aya, barudak, teu aya hiji nagri nu mapakan kaendah-an
lemahcai urang!"
Gambaran kaéndahan éta nu
ayeuna ngalangkang dina ingetan Kulup. Kaendahan nu sok katenjo jeung karasa ku
ma-néhna. Nyerep pisan kana lelembutanana, basa nerangkeun lemahcai, guruna
laun ngahariring:
Lemahcai
kuring nagri endah asri sugih cacah jiwa bahan lubak-libuk....
Breh waé dina ciciptan Kulup
kalangkang lemburna. Lembur Citapis nu saparat-paratna diliung ku tatangkalan
kalapa. Tuluy-na naon-naon nu diterangkeun ku guruna; sawah, gunung, laut,
pulo, jeung nagri Indonesia sagemblengna, dieunteupkeunana teh nya ka lemburna
pisan. Di dieu, dina hégarna hawa lembur, Kulup nyeuseup eta kaéndahan lemahcai
téh. Kaéndahan anu teu kungsi dicaritakeun ku indungna, abahna, atawa batur
sa-pangulinanana, tapi karasa ku manehna saban waktu. Kadua abahna manehna sok
ngaprak mapay-mapay walungan, ngecrik atawa ngagogo. Kokojayan lamun pareng manggih
leuwi nu jero, atawa lulumpatan ngudag-ngudag beunteur dina babantar walungan.
Kulup ge mindeng ulin di mumunggang Kutakarang, handapeun layung ngempur,
manjer kolecer atawa mentang langlayangan jeung abahna.
Tapi
nalika divisualisasikeun geuning asa biasa baé, malah mah asa kurang. Kaéndahan
alam téh ngan diwakilana ku gambar kebon téh, sawah jeung curug. Asa teu
ngawakilan kaéndahan alam indonésia. Coba lamun énya aya visualisasi ngeunaan
laut atawa basisir, jigana bakal rada kawakilan. Tétéla dina awal carpon jeung
film ogé geus katitén aya bébédaan.
Pérkara
aya bébédaan dina film nu diangkat tina karya sastra mémang wajar. Hal-hal
samodél kieu tangtuna miboga alésan sabab nyieun film tina hiji karya sastra
lain hal anu babari. Mindeng kasaksian aya nu robah tina hiji karya satra
nalika divisualisasikeun. Boh dina déskripsi boh dina dialog.
Dina
hal déskripsi misalna, kapan karya satrta mah ngagunakeun basa pikeun ngamekarkeun
imajinasina sedeng film mah ngandelkeun média gambar. Basa dina karya sastra
bisa miboga makna ganda. Basa nu bisa jadi teu ukur miboga makna “tersurat”
tapi bisa sacara “tersurat”. Basa miboga kajembaran keur pangarang jeung nu
maca pikeun ngabayangkeun naon nu diungkarakeun dina karya sastra. Sedeng
kajembaran dina sajian gambar tangtu bakal béda. Didieu pernahna bébédaan nu paling dasar antara film jeung
karya sastra.
Basa
nu dipaké dina film lolobana mangrupa basa lisan, kadang-kadang basa teks jeung
tangtuna basa visual. Ieu asa visual téh ngawatésanan imajinasi sabab visual
miboga sipat ngadadarkeun. Basa visual bakal leuwih anteb lamun dirojong ku
ayana audio. Ku ayana audio ieu ogé nu ngabédakeun antara karya sastra jeung
film. Dina film “Lemah Cai Kulup” bébédaan déskripsi geus didadarkeun tadi di
luhur.
Sedeng
dina dialog, katitén ayana sababaraha improvisasi. Dina ieu hal mah teu pati
dipadungdengkeun sabab memang nalika improvisasi ogé katitén teu pati méngpar.
Dina dunya téatér gé hal samodél kieu mah apan geus ilahar. Improvisasi tapi
tetep maliré kata konci nu aya dina naskah sangkan teu mengpar tina jalan
carita. Malah mah ku ayana improvisasi ieu ogé apan nu biasana ngahirupkeun
hiji drama atawa film. Contona
"Iraha abah balikna, Bu?"
Diganti jadi "Iraha abah balikna, Ma?"
Parobahan
dialog tina karya sastra nu dirobah kieu jigana sangkan nu lalajo bakal leuwih
pogot jeung tembres kana manah. kapan kecap “Ma”
mah leuwih anteb pikeun urang Sunda. Komo lamun di pilemburan mah.
Carpon-carpon
Hadi AKS memang miboga gaya realis. Lolobana nyaritakeun ngeunaan kahirupan
sosial. Tapi biasana dina carponna sok aya kritik sosial. Contona carpon “Oknum” nu ngiritik ngeunaan orde baru.
Kitu ogé dina carpon “Lemah Cai Kukup”
nu ngiritik ngeunaan kahirupan nu harénghéng dina mangsa harita. Lemah cai nu
aya dina wangwangan Kulup apan sakitu éndahna tapi tétéla geuning ari dina
kahirupan mah sakitu harénghéngna. Hal anu patojaiah ieu jigana anu dikiritik
téh.
Film “Lemah
Cai Kulup” lain film munggaran nu diangkat tina karya sastra Sunda. Aya
sawatara film nu kungsi diangkat ogé tina karya sastra Sunda saperti ”Halimun” nu diangkat tina novel Sangeus Halimun Peuray karya Aam Amilia,
film “Karnadi Anomer Bangkong” karya
Tjandrahadjat, jeung film “Jurutulis
Malingping” karya Ahmad Bakri. Malah mah pan ceunah ayeuna keur ngagarap
film nu “Perang Bubat” nu nepi ka kiwari can aya hasilna. Boa mah ukur wacana
wungkul.
Perkara
aya béda antara film “Lemah Cai Kulup”
jeung karya sastrana, éta mangrupa hal anu wajar dina dunya film. Najan kitu
pan ari maksud, inti carita jeung amanatna mah nepi ka panongton téh.
Film Harry Potter ogé nu kasebut
sukses tangtuna bakal katitén aya bébédaan jeung novélna lamun diimeutan mah.
Komo film “Ayat-Ayat Cinta” atawa
film “Di Bawah Lindungan Ka’bah” nu
novelna pada-pada kawéntar ogé apan nalika geus jadi film mah asa pohara
méngparna, loba nu teu sugéma sabab leuwih mentingkeun kana ajén komersil
daripada kaorisinilan carita.
Nu
penting dina hal ieu, ku ayana film Sunda nu diangkat tina karya sastra, nya
éta sangkan sastra Sunda tetep hirup. Palébah ayana kakurangan dina film “Lemah Cai Kulup”, nya ieu mah jadi
pancén pikeun ningkatkeun kualitas film-film Sunda. Perlu ayana ahli-ahli
sinematografi Sunda nu miboga pangaweruh nu jembar. Nya boa ku ayana ahli
sinematografi mah, film nu basisna kasundaan bisa leuwih ningkat ajénna.
Ditarima sacara nasional malah mah sacara internasional.