Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

APRESIASI WAWACAN REGEN BONCEL BUPATI CARINGIN



Deskripsi Naskah

Pangarang                : H. S Ranggawaluya , Darkat Darjusman
Asal buku                 : sepuh di Labuan nu ngarana Mas Isra Antawijaya
Pamedal/taun medal : Proyek Penalitian Buku Sastra Indonesia dan Daerah/ 1980
Data Fisik
-          Ukuran Buku : 15cmX20,5cm
-          Kandel Buku : 159 Kaca
-          Warna Jilid   : bodas
-          Gambar        : ukiran batik warna hideung di luhurna jeung di handapna
-          Aksara          : Latin
-          Basa             : Sunda
Wangun Karangan   : Puisi  Pupuh
Jumlah Pupuh           : 34 bagian episode carita  nu ngawengku
                                    Dangdanggula 7 episode
                                    Kinanti 6 episode
Mijil 4 episode
Wirangrong 2 episode
Asmarandana 7 episode
Sinom 6 episode
Magatru 1 episode
Gurisa 1 episode
Jumlah Pada             : 1.184 pada
Tanda Baca              : ganti padalisan maké koma (,) sarti ganti pada maké titik (.)
Tulisan                      : kaharti
Bahan Naskah
-          Bahan           : Kertas pabrik warna polos
-          Warna Kertas : bodas
Katerangan      :Dina buku ieu ditulis saha nu nyalin, disebutkeun sumberna najan teu jeung pakasabanana. Teu disebutkeun kumaha déskripsi naskah aslina.












Sinopsis

Kira-kira awal abad 19 di Rumpin salasahiji dusun leutik  nu aya di wilayah Leuwiliang, teu pati jauh ti Bogor. Dina mangsa harita daérah éta kaasup tanah partikelir Janglapa-Cikoleang. Di éta tempat hirupa Samar, patani miskin. Hirup bareng jeung pamajikanana Samariah, mitohana Santimol jeung adi beuteungna Suhud.
Lian ti tatanén, Samar rajin nganyam aseupan, hihid jeung ayakan. Manéhna ogé sering nangkap lauk boncél atawa gabus. Mangsa pamajikanana keur runeuh manéhna miboga kahayang lamun anakna lalaki rék dingaranan si Boncél.
Taun 1800M si Boncél lahir ka dunya. Ku sabab anak nunggal si Boncél téh kacida diogona. Tapi teu lila bapana gering parna nepi ka henteuna. Daék teu daék Samariah digawe pikeun mertahankeun hirupna.
Hiji poé, si Boncél disiksa ku si Ondo mangsa manéhna maén panggal sabab si Boncel meupeuskeun gentong nepi ka caina ngamalir. Santimol nu harita rék nulungan ogé nepi ka disiksa ku Ondo.Ku sabab Ondo can ngarasa puas. Si boncél tuluy dipaksa sangkan ngurus kuda salila satain tanpa upah. Ngadéngé kitu Samariah kacida sedihna. Ditambah deui harita mitohana, Santimol maot.
Hiji mangsa si Boncél ninggalkeun Rumpin sabab Ondo ambek lantaran si Boncél kasaréan nepi ka kudana balik sorangan. Si Boncél rerencepan naék kana gorobak nu rék ka Ciampea. Gorobak eureun di warung Bi Satirah. Di warung éta si Boncél rajin babatu. Isukna si Boncél pamitan, ku bi Satirah di bahanan sangu sapuratina jeung sarung urut.
Bupati Cianjur, Dipati Aria Wiratanudatar nitah opas Salatiga pikeun néangan tukang kuda. Si Boncél daékeun ngurus tur nganteurkeun kuda ka Tegalega Bandung pikeun miluan pacuan.
            Dina poéna pacuan bupati sa-Pasundan geus pada ngumpul. Kitu ogé Gubernur Jendral. Si Boncél dititah sangkan jadi joki dina éta pacuan ku Bupati Cianjur. Najan joki pangleutikna, teu disangka-sangka si Boncél meunang. Ku kituna BUpati Cianjur boga hak pikeun narima hadiah. Bupati Cianjur kacida nyyahna ka si  Boncél.
Asisten Residen Yogya nu harita ngaganti Asisten Residen Cianjur nitah Bupati Cianjur sangkan mangnéangankeun tukang kuda. Si Boncél nyanggupan. Ti dinya wanoh jeung sinyo Yance tur akrab sosobatan. Nepi ka Nyonya  Asisten Residen nitah maturan sinyo sabot diajar. Lian ti éta si Boncél diangkat jadi anak angkat.Ku sabab rajin diajar si Boncél pinter basa Walanda. Tuluy Asisten Residen rek dipindahkeun ka Semarang. Si Boncél teu daékeun diajak. Manéhna ngarasa sedih kudu pisah eung sinyo Yance. Si Boncél dibéré buku ku Asisten Residen.
Saminggu ti harita si Boncél dianggakt deui jadi tukang kuda di Kabupatén. Manéhna teu weleh digawé nepi ka tiap kuda digantungan papan ngaran. Tapi tukang kuda nu séjén nganggap si Boncél boga niat jahat sabab papan ngaran nu digantungkeun dianggap boga sihir.
Hiji mangsa Jasim salasahiji tukang kuda mikeun papan ngaran ka opas Kabupatén salaku barang bukti. Nepi ka Bupati hayang ngayakinkeun bener henteuna. Tapi Bupati ngarasa heran tur tumanya timana si Boncél, nu rahayat biasa bisa pinter nulis basa laten. Si Boncél balaka yén 4 taun diajar maca jeung nulis ku Asisten Residen. Isukna Si Boncel diangkat jadi jurutulis bagean basa laten di kantor mantri  Kabupatén.
Sanggeus kitu, si Boncél dibéré gelar bangsawan R.d B. Wiradijaya. Tuluy narima SK jadi jaksa di Tasikmalaya.
Nu digantikeun téh nya éta pangsiunan Jaksa nu boga béntang kahormatan tur pinter campur gaul. Ku sabab remen nganjang. R. Wiradijaya panggih jeung Widaningrum anak Jaksa pangsiunan anu geulis nepi ka nikahna tur boga budak nu ngarana R. Kusuma Nagara.
R. Wiradijaya ogé aktif dina kagiatan seni ku ngadegkeun Paguyuban Tasik Manggung. Sanggeus sababaraha taun diangkat jadi Jaksa, diangkat deui jadi Demang (Wedan) Bandung Kota tur dibéré gelar Rangga. Teu lila R. Wiradijaya diangkat deui jadi Patih Tasik nu gelarna Tumenggung.
R. Wiradijaya kungsi kapoékan ku kalungguhanan. Ti dinya mamati resep nginum tur maén awéwé tapi untungna mah teu kungsi lila sadar deui. Teu lila tuluy diangkat jadi Bupati Caringin.
Saprak ngadéngé yén Bupati Caringin téh asalna ti Rumpin tur baheulana disebut si Boncél, Bi Samari ngarasa bungah sabab anakna hirup kénéh.
Tuluy Bi Samari jeung adina Suhud indit néangan anakna. Tapi hanjakalna sanggeus paamprok jeung anakna, R. Wiradijaya kalah ka teu ngaku yén Bi Samari téh indungna. Malah mah nepi ka diusir sagala.
Ku sabab kanyeunyeurian Bi samariah ngutuk anakna bakal kakeunaan ku panyakit késrék jeung turunana bakal punah.
R. Wiradijaya ngarasa salah. Inget waé kana kutukan indungna nepi ka geing. Pamajikanana Widaningrum ogé maot. R. Wiradijaya maot ku sabab panyakit késrék kutukan ti indungna taun 1844.Sedengkeun anakna R. Mas nu jeneng jadi Bupati Demang Panimbang ngagantikeun kalungguhan bapana jadi Bupati Caringin. Tapi teu kungsi lila sabab nyieun lampah goréng jeung putri Kontrolir ogé Asisten Residen.



Apresiasi Wawacan Regen Boncél Bupati Caringin
A.    Analisis Struktur

1.      Judul
Judul karya sastra ieu teu leupes tina tema atawa pokok pikiran nu aya dina karya sastra éta sorangan.
Dina Wawacan Wawacan Regen Boncél Bupati Caringin tokoh nu miboga peran dominan nya éta si Boncél sorangan nu diangkat jadi Bupati Caringin. Ku kituna judul  Wawacan Regen Boncél Bupati Caringin bias dipastikeun yén éta judul mangrupa ngaran tokoh tina karya sastra ieu.

2.      Tema
Tema mngrupa puseur ide nu aya dina karya satra atawa pokok pikiran nu utama. Pokok pikiran nu utama tina Wawacan Regen Boncél Bupati Caringin nya éta lalakon si Boncél ti mimiti tukang kuda nepi ka jeneng jadi Bupati Caringin.
Sanggeus nitenana jalan carita dina ieu karya sastra, kapanggih yén tema dina ieu karya sastra téh nya éta teu meunan ngagugu teuing kana kabagjaan dunya sabab sipatna teu abadi komo nepi ka mopohokeun nu jadu kolot saba salasahiji kabagjaan nu abadi aya dina rido kolot.

3.      Penokohan jeung Watek
Dina Wawacan Regen Boncél Bupati Caringin tokoh nu aya sacara terus-terusan nya éta si Boncél. Jadi si Boncél mangrupa tokoh utama nepi ka ganti ngaran jadi R. B Wiradijaya.
Digedengeun éta aya tokoh-tokoh nu milu ngarojong dina éta carita saperti Samariah, Samar, Santimol, Suhud, Bupati Cianjur,  Asisten Residen, Sinyo Yance, jrrd. Peran maranéhna ngan ukur saliwat tur katutup ku peran utama. Jadi, ngan dianggap salaku tokoh pangrojong dina eta carita nu watekna teu jelas atawa “samar-samar”.
Watek si Boncel bisa dititenan dina

Sanajan bari prihatin, pangaggona teu rék robah, kumaha bareto baé, handap asor hade basa, akuan ka atangga, komo deui ka pangagung, tara kantun kasopanan.

Di Tasik sabiwir hiji, kakoncara menak anyar, juragan jaksa téh hade, soméah reujeung akuan, nyaahan ka sasama, juragan Jaksa pangsiun, nganggap cara ka putrana.

(Asmarandana)
Didinya katitén yén si Boncel miboga watek nu hadé teu adigung mangsa manéhna geus jeneng jadi Jaksa. Tapi teu lana
Sabab manéhna nu ngagugu teuing kana kabagjaan dunya jadi robah sipat. Adigung, éra ningali kolot nu saényana rahayat biasa. Hal ieu katitén dina

Nulak cangkeng muril kumis, jejebris reujeung morongos, Kanjeng téh tetela bendu, Bi Samari dinyenyeri, teu diaku yén ibuna, tur diusir saharita.
……
Montong ngomong gasik indit, dewek geus teu haying nenjo, sau Dalem tambih bendu, Suhud awakna ngagibrig, ngadegdeg teu kawayan, reuwaseun peda disentak.
(Wirangrong)

4.      Plot/alur
Dumasar runtuyan carita Wawacan Regen Boncél Bupati Caringin miboga alur lempeng. Sabab runtuyan caritana silih pakait hiji kajadian disusul ku kajadian séjén.
Upami ditilik dumasar kuentitas mah kaasup kana alur/plottunggal dimana caritana mintonkeun hiji masalah nu jadi puseurna. Sabab puseur caritana aya dina tokoh si Boncél. Ayana carita-carita atawa took pangrojong miboga fungsi pikeun nambah késan yén si Boncél minoga kalungguhan penting dina carita.

B.     Analisis Eusi

1.      Ajén Atikan
Karya Sastra Wawacan Regen Boncél Bupati Caringin mangrupa manifestasi ajén atikan sabab upama dianalisis ngandung pesen tur amanat anu hade.
Usaha nu keyeng mangrupa salashiji sipat si Boncél dina nyanghareupan hirup. Kasabaran ogé ditunjkkeun ku si Boncél nu notabene jalma miskin.
Lian ti éta, ngandung ogéatikan tina segi sosial, nya éta silih tulung jeung silih ajénan antar sasama sapert nu dicaritakeun mangsa dua strata social nu béda akrab sosobatan saperti s Boncel jeung sinyo Yance.
Lamun ditilik tina segi moral unsure atikan nu aya nya éta yén nu ngarana kolot téh teu meunang disapirakeun sabab ridona kolot bisa nangtukeun kabagjaan urang.

2.      Ajén Kapamingpinan
Kapamingpinan téh penting pisan dina kahirupan sabab pamingpin mangrupa tokoh sentral pikeun kelompok masarakat jeung nunjukkeun kana hiji kalungguhan sosial sarta miboga kriteria-kriteria anu tangtu hadé.
Dina Wawacan Regen Boncél Bupati Caringin  nyaritakeun si Boncél nu jadi bupati nu miboga kriteria nu hadé. Daék ngurus ka jalma leutik, teu adigung sarta parigel ngolah nagri. Katitén dina

Kanjeng Dalem nyebut sukur, pangulaan Patih sami, wiréh Demang Bandung Kota, tetela jalma ngarti, pantes meunang gelar rangga, ku nagara geus dipuji.

Saniskantén teu kakantun, ngurus rayat ngolah nagri, apaleun ka masarakat, ka nu gedé jeung nu leutik, atawa alat nagara, diajénan teu pipilih.
(Kinanti)