Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Makalah Ngawangun Urang Sunda Bihari Jadi Urang Sunda Kiwari (Kahirupan Urang Sunda Sagemblengna Dina Nyampurnakeun Darajat Urang Sunda)

BAB I
BUBUKA

1.1  Kasang Tukang
 Ditilik tina kaayaan  urang  Sunda kiwari, urang sunda téh masih kénéh nyekel pageuh kana kaislamanana. Saluyu jeung kamekaran Jaman, tangtuna waé disajeroeun kahirupan urang sunda kiwari aya parobahan nu hadé atawa nu goréng. Dina éta parobahan tangtuna baé disababkeun ku sababaraha paktor. Tapi upama paktor religi atawa kaagamaan mah bakal hésé barobahna, sakumaha anu ditétélakeun ku Koentjaraningrat dina tujuh unsur kabudayaan. Manéhna nétélakeun yén kaagaamaan ayana di tempat nu pangluhurna, hartina nu pang héséna barobah.
Ti mimiti datangna Islam ka tatar sunda, geus loba urang sunda anu ngagem agama Islam.  Kitu deui nepi ka kiwari, agama Islam masih diagem ku urang sunda. Sumebarna agama Islam di tatar sunda dilantarankeun ku ayana perdagangan, kasenian saperti wayang, pernikahan jeung sajabana.
Salaku urang sunda tangtuna waé kudu nyekel pageuh kana ajaran agama islam, sangkan sikep urang sunda téh henteu kaluar tina aturan-aturan agama islam.
1.2  Rumusan Masalah
Nu jadi rumusan masalah dina ieu makalah nya éta:
1.2.1        Naon ari nu dimaksud ngawangun urang Sunda bihari jadi urang Sunda kiwari (kahirupan urang Sunda sagemblengna dina nyampurnakeun darajat urang Sunda)?
1.2.2        Kumaha kahirupan urang Sunda dumasar kana naskah Sanghyang Siksakandang Karesian?
1.2.3        Kumaha kahirupan urang Sunda kiwari?

1.3  Tujuan
Nu jadi tujuan dina ieu makalah nya éta:
1.3.1        Sangkan mikanyaho naon jeung kumaha ngawangun urang Sunda bihari jadi urang Sunda kiwari (kahirupan urang Sunda sagemblengna dina nyampurnakeun darajat urang Sunda)?
1.3.2        Sangkan mikanyaho kumaha kahirupan urang Sunda dumasar kana naskah Sanghyang Siksakandang Karesian?
1.3.3         Sangkan mikanyaho kumaha kahirupan urang Sunda kiwari?

1.4  Sistematika Penulisan
1.      Bubuka
1.1 Kasang Tukang
1.2 Rumusan Masalah
1.3 Tujuan
1.4 Sistematika Panulisan
2.      Eusi
2.1  Wangenan Ngawangun Urang Sunda Bihari Jadi Urang Sunda Kiwari (Kahirupan Urang Sunda Sagemblengna Dina Nyampurnakeun Darajat Urang Sunda)
2.2  Kahirupan Urang Sunda Dumasar Kana Naskah Sanghyang Siksakandang Karesian
2.3  Kahirupan urang Sunda kiwari
3.      Kacindekan
4.      Daftar Pustaka






BAB II
EUSI

2.1  Wangenan Ngawangun Urang Sunda Bihari Jadi Urang Sunda Kiwari (Kahirupan Urang Sunda Sagemblengna Dina Nyampurnakeun Darajat Urang Sunda)
Urang Sunda mangrupa salah sahiji séké sélér nu ngeusi utamana bagéan kulon pulo Jawa sarta pupulasi panglobana di Indonesia. Kahirupan urang Sunda kasohor ku kabasajanan jeung kapengkuhana kana tradisi nu turun tumurun ti karuhunna. Urang sunda bihari nya éta sakur-sakur jalma anu cicing tur hirup di tatar sunda, saacan asupna agama islam. Gambaran kahirupan urang Sunda mangsa bihari geus kagambar dina wangun naskah. Salasahijina nya éta Naskah Syanghyang Siksakandang Karesian nu ditulis dina mangsa kahirupan Sri Baduga Maharaja. Sedengkeun urang sunda kiwari nya éta sakur-sakur jalma anu cicing tur hirup di tatar sunda, sannggeus asupna agama islam.
 Ngawangun kahirupan urang sunda sagemblengna dina nyampurnakeun darajat urang sunda téh nya éta ngajugjug kahirupan anu leuwih hadé luyu jeung pakeman kaagamaan khususna agama islam pikeun ngahontal kamaslahatan anu bisa ngangkat darajat urang sunda tur aya mangpaatna di dunia rawuh akhérat.


2.2  Kahirupan Sunda Bihari Dumasar Naskah Sanghyang Siksakandang Karesian
Potrét kahirupan Urang Sunda mangsa bihari bakal dipedar tina salasahiji naskah Sunda kuno nya éta  Sanghyang Siksakandang Karesian (SSK), ieu naskah téh ditulis maké aksara Sunda kuno tapi teu kapaluruh saha anu nulisna. Disebutkeun yén taun panulisanana ngaliwatan candra sangkala nu unina nora (0) catur (4) sagara (4) wulan (1), nu hartina 1440 Saka atau 1518 M. Ieu naskah téh ditulis dina mangsa pamaréntahan Sri Baduga Maharaja nu ngawasa pajajaran. Sacara umum ieu naskah téh méré gambaran umum ngeunaan kahirupan masarakat sarta ajén moral mangsa harita.
Pikeun ngatur lumangsungna kahirupan sosial masarakat mangsa harita, dina ieu naskah téh katitén aya sababaraha aturan atawa ajaran.
1.      Ajaran sanghiyang dasa kreta, nya éta :
a)      Cepil teu meunang ngadéngé nu teu layak didéngé sabab bisa jadi lawang bahla, nu nyababkeun urang meunang bahla tina dasar nista naraka. Tapi lamun cepil urang dipiara urang bakal meunang kautamaan tina pangrunguna.
b)      Mata teu meunang sambarang nempo nu teu layak ditempo sabab bisa jadi lawang bahla. Tapi lamun mata urang dipiara urang bakal meunang kautamaan tina panempona.
c)      Kulit tong dihariwangkeun ku sabab panas atawa tiis sabab bisa jadi lawang bahla, nu nyababkeun urang meunang bahla tina dasar nista naraka. Tapi lamun kulit urang dipiara urang bakal meunang kautamaan tina kulit.
d)     Letah ulah salah kecap sabab bisa jadi lawang bahla, nu nyababkeun urang meunang bahla tina dasar nista naraka. Tapi lamun kulit urang dipiara urang bakal meunang kautamaan tina letah.
e)      Irung ulah salah cium sabab bisa jadi lawang bahla, nu nyababkeun urang meunang bahla tina dasar nista naraka. Tapi lamun kulit urang dipiara urang bakal meunang kautamaan tina irung.
f)       Baham  ulah sambarangan nyarita sabab bisa jadi lawang bahla, nu nyababkeun urang meunang bahla tina dasar nista naraka. Tapi lamun kulit urang dipiara urang bakal meunang kautamaan tina kulit.
g)      Leungeun ulah sambarangan nyokot sabab bisa jadi lawang bahla, nu nyababkeun urang meunang bahla tina dasar nista naraka. Tapi lamun kulit urang dipiara urang bakal meunang kautamaan tina kulit.
h)      Suku ulah sambarangan ngaléngkah sabab bisa jadi lawang bahla, nu nyababkeun urang meunang bahla tina dasar nista naraka. Tapi lamun kulit urang dipiara urang bakal meunang kautamaan tina suku.
i)        Tumbung  (liang dubur atawa vagina) ulah dipaké  keter ( homoseks) sabab bisa jadi lawang bahla, nu nyababkeun urang meunang bahla tina dasar nista naraka. Tapi lamun tumbung urang dipiara urang bakal meunang kautamaan tina tumbung.
j)        Baga-purusa  (bobogaan awéwé atawa lalaki) ulah dipaké jinah, sabab bisa jadi lawang bahla, nu nyababkeun urang meunang bahla tina dasar nista naraka. Tapi lamun baga purusa urang dipiara urang bakal meunang kautamaan tina baga purusa.
Ajaran Dasakreta mangrupa ajaran pikeun laku lampah manusa dina mangsa harita. Teu meunang sagawayah dina ngagunakeun panca indera. Dina ieu ajaran di tétélakeun ogé yén dina jaman harita dipahing pisan ngalakukeun jinah.
2.      Ajaran dasa prebakti.
Budak kudu tumut ka bapa; pamajikan tumut ka salaki; hamba kudu tumut ka majikanna; siswa kudu tunmut ka guruna; patani kudu tumut ka wado; wado kudu tumut ka mantri; mantri kudu tumut ka nu nangganan; nu nangganan tumut ka mangkubumi; mangkubumi kudu tumut ka raja; raja kudu tumut ka déwata; déwata kudu tumut kahiyang.
3.      Ajaran dina kahirupan sosial
Dina naskah Sanghyang Siksakandang Karesian diatur ngeunaan aturan kahirupan sosial. Teu meunang hianat jeung culas, teu meunang hianat ka diri sorangan. Nu disebut ngahianatan diri sorangan nya éta nu salah disebut bener. Pinuh ku muslihat. Mitnah, nganyenyeri jalma nu lian, nu kitu nu disebut ngahianatan diri sorangan téh.
Lian ti éta nu disebut hianat ka diri soranngan ogé nya  éta metik milik jalma teu ménta ijin heula, nyokot bari jeung teu ménta, mulung bari jeung teu méré nyaho. Kitu ogé ngarampas, nyolong, ngarampok, nodong; sagala hal lalakon hianat nya disebut ngahianatan batur,
Kitu ogé ngarangkum(nyokot barang maké dua leungeun), ngasupkeun leungeun pikeun mawa barang batur), nyomot, ngarebut, ngodok, maling ka imah. Kitu ogé cicing tutuluyan di imah majikan atawa raja. Hal éta leuwih-leuwih ulah dilaksanakeun, teu meunang dilakonan ku hulun. Ulah poho ngagunakeun ucap nu hormat, sopan jeung bakti susila ka sasama manusa, ogé ka kulawarga.
Kitu ogé dina tatakrama ka raja. Dina sanghyang Siksa Kandang Karesian diajarkeun sangkan suku sila jeung leungeun dipaké nyembah. Kudu ati-ati lamun nyarita jeung ménak , majikan nu boga taneuh. Teu meunang munafik lamun dititah nyimpen rusiah, pikiran ogé teu meunang munafik, teu meunang salah lamun ngajawab, paroman nu teu pikaresepeun teu meunang katingali ku raja. Nu kitu disebutnaa téh pamali.
Lamun meunang paréntah ti raja teu meunang poho kana Sanghiyang Siksa kandang karesian sangkan tetep satia kana tugasna. Ulah siwok cante, ulah simur cante, ulah simar cante, jeung ulah darma cante. Nu opat ieu disebutna catur yatna (opat kawaspadaan).
Siwok cante nya éta kagoda ku dahareun jeung inuman. Simur cante nya éta milu ngalakonan jalma nu nyolong, ngarebut jeung ngarangkum. Hal ieu disebut salah léngkah. Simar cante nya éta mawa dagangan mangrupa emas jeung perak tapi teu dititah ku nu boga barangna. Disebutna salah jualan, sedengkeun darma cante nya étamantuan pihak-pihak nu teu dipikakaresep raja. Resesp ka nu teu dipikarresep raja, hal éta mangrupa hal anu teu luyu dilakonan ku hulun.
Aturan séjénna nya éra misalna aturan sederhana misalna “lamun urang balik teu meunang kabeuratan di sisi jalan atawa d sisi imah. Kudu dibagian tungtung nu aya jukutan sangkan bauna teu kaambeu ku ménak atawa Gusti”.
Di bagéan séjén dituliskeun cara kabeuratan nya éta kudu tujuh léngkah ti sisi jalan sarta lamun kahampangan kudu tilu langkah ti sisi jalan.  Bisa jadi harita mah can aya pacilingan (toilet), atawa bisa jadi ogé masarakat harita ah can pati paduli kana kaberesihan. Nepi ka kudu aya dina aturan Sanghyang Siksakandang karesian pikeun padoman masarakatna.
Nu matak hemeng ayana kalimah  “ jaga rang nemu jalan, gede beet, bangat dicangcut dipangadwa sugan urang pajeueung deung gusti deung mantri” yang artinya “ lamun urang manggih jalan gedé atawa leutik , kudu geuwat maké calana jero “cangcut”  sarta maké pakéan sabab bisa waé  urang paamprok jeung Gusti atawa mantri. Cangcut atawa cawat mangrupa kaén pikeun nutupan aurat nu dipaké ku cara dibeulitkeun kana palangkakan jeung dibeulitkeun kana cangkeng, sedengkeun pangadwa mangrupa pakéan nu ngawengku dua bagéan jiga calana jeung baju. Jigana baheula mah aya kabiasaan masarakat biasa salila di leuweung atawa di sabudeureun imah jeung moal rék panggih jeung jalma, teu maké pakéan cangcut jeung pangadwa.
Kitu ogé aya kritik dina SKK nu disebutkeun “ lamun aya nu nyéla (ngiritik) ka urang, tarima kiritik ti jalma nu lian. Nu litu ibarat galah sodok dipotong runcing.”