Analisis
Struktural Roman Mércédés 190 Karangan Muh. Rustandi Kartakusuma
Abstrak
Ieu tulisan judulna Analisis
Struktural Roman Mércédés 190 Karangan Muh. Rustandi Kartakusuma. Tujuaanna,
nya éta pikeun ngadéskripsikeun struktur (unsur intrinsik) nu aya dina ieu
karya sastra. Metode nu digunakeun, nya éta metode struktural anu anu dumasar
kana sawangan strtruktural mah sacara gurat badag ngawengku unsur-unsur (1)
tema, (2) palaku, (3) plot/alur, (4), point of view jeung (5) setting.
Bubuka
Roman,
nya éta karya sastra nu mangrupa bagian tina epik panjang. Salaku karya sastra
epik panjang, eusi roman ngawengku carita panjang tina sababaraha bab nu rakaet
patalina. Dina ieu tulisan baris dipedar hiji roman hasil karya Muh. Rustandi
Kartakusuma ku metode struktural.
Metode
struktural digunakeun pikeun napsirkeun karya nu bakal dianalisis. Strulturalisme
napak kana hiji prinsip yén téks sastra téh mangrupa jalan pikeun néangan
makna. Téks sastra téh nya éta dunya otonom. Téks sastra téh nya éta dunya
kecap. Ku sabab kitu, makna gembleng téks sastra lain dumasar kana unsur
perstuktur tapi dumasar kana hubungan antara pangwangunan hiji struktur/sistem
(Dedi Koswara 2009:16).
Ulikan
Teori
Roman
Ajip
Rosidi (2009:227) nétélakeun yén roman, nya éta wanguna carita dina prosa nu
ngalalakonkeun hirup-hurip jelema sacara panjang lebar, upamana Baruang Ka Nu Ngarora karangan D.K.
Ardiwinata, Mantri Jero karangan R.
Memed Sastrahadiprawira, Lain Éta karangan
Moh. Ambri, jsb. Éta istilah asalna tina basa Walanda. Istilah roman digunakeun
deuih dina basa Perancis jeung Jerman. Dina basa Inggris mah nu dipaké téh
istilah novel anu dina basa Walanda
mah dipaké pikeun méré ngaran kana wangunan prosa nu sahandapeun roman saluhureun
carita pondok; romantis cara nu kapanggih dina roman baé.
Analisis
Struktural
Numutkeun
Teeuw (dina Koswara 2009:13). Pamarékan struktural mangrupa hiji pamarékan anu
nandeskeun karya sastra salaku struktur anu sipatna otonom.
Stukturalisme téh enas-enasna mah miboga harti
yén hiji karya sastra di masarakat mangrupa hiji gemblengan lantaran aya réaksi
anu timbal balik antara bagian-bagianana jeung antara bagéan jeung
kagemblenganana (Dedi Koswara, 2009:14). Analisis struktural nyawang
unsur-unsur nu aya dina karya sastra, kayaning tema, alur, watek jeung sudut
pandang tuluy ngaguar jeung nalungtik sakabéhna dumasar pikeun nempo ketertarikan jeung patalina antara
sakabéh unsur jeung aspék karya sastra.
Saheulaneun
mah bisa dijinekkeun, yén nu dipaké alat pikeun ngarakrak struktur karya sastra
anu dumasar kana sawangan strtruktural mah sacara gurat badag ngawengku
unsur-unsur (1) tema, (2) palaku, (3) plot/alur, (4), point of view jeung (5)
setting.
Pangarang
Saméméhna
mah Muh. Rustandi Kartakusuma (MRK) mimiti muncul dina kasusastraan Indonesia.
Kungsi medalkeun kumpulan sajak nu nepi ka kiwari mangrupa salasahiji kumpulan
sajak pangkandelna, nya éta Rekaman Dari
Tujuh Daerah (1951). Lian ti kumpulan sajak, Muh. Rustandi Kartakusuma
kungsi medalkeun hiji drama dina wangun sajak, nya éta Prabu dan Putri (1950), drama Semua
Putih Semua (1961) jeung skenario pilem Lagu
Kian Menjauh (1961). Tapi lolobana tulisan meunang Muh. Rustandi
Kartakusuma mangrupa éséy jeung kritik dina basa Indonesia sanajan kumpulanna
teu dibukukeun.
Roman
Roman
nu baris dipedar, nya éta roman katresnan karya Muh. Rustandi Kartakusuma
(MRK). Bukuna dipedalkeun ku PT. Girimukti Pasaka. Ieu roman téh tadina
mangrupa carita nyambung dina majalah Manglé.
Analisis
Struktural Roman Mercédés 190 Karya Muh. Rustandi Kartakusuma
Sinopsis
Ieu
roman nyaritakeun kahirupan rumaja antara Dudung jeung Néndén. Dudung salaku
mahasiswa nu dipikawanoh salaku playboy sabab
wanoh ogé resep ulin jeung loba awéwé. Dudung ogé miboga sipat borjuis, hal ieu digambarkeun ku Mércédés 190 nu tangtuna dina mangsa
harita mangrupa hiji simbol “kemewahan”.
Dina
lalakonna, Dudung kapincut ku Néndén, mahasiswa Kedokteran nu miboga sipat béda
jeun awéwé séjénna. Néndén miboga prinsip nu hésé diruntagkeun ku harta.
Didinya
aya konflik batin nalika Dudung ngungkarakeun cintana ka Néndén.
Unsur
Intrinsik
Pikeun
ngarakrak struktur karya sastra anu dumasar kana sawangan strtruktural mah
sacara gurat badag ngawengku unsur-unsur (1) tema, (2) palaku, (3) plot/alur,
(4), point of view jeung (5) setting.
Kahiji,
ngeunaan jejer. Roman Mercédés 190 miboga jejer ngeunaan kahirupan kaom rumaja.
Tokoh utama, nya éta Dudung nu miboga karakter borjuis tur playboy. Digambarkeun
ku ayana Mercedes 190 nu dina mangsa
harita dianggap mewah. Karesepna ulin
néangan mojang nu genit tapi tungtungna kapincut ku mojang nu ngaranna Néndén.
Néndén mangrupa tokoh rumaja awéwé nu digambarkeun salaku rumaja nu basajan,
teu genit tur miboga prinsip. Dudung kabungbuléngan, nepi ka ngudag Néndén.
Néndén nu miboga prinsip teu kitu baé bisa narima playboy jiga Dudung. Aya sababaraha hal nu jadi tinimbangan Néndén
dina narima Dudung.
Nu
dicaritakeun dina ieu roman bisa jadi ngeunaan krisis kajiwaan nu biasa
karandapan ku kaom rumaja. Nu mindeng disabit-sabit dina dunya rumaja, nya éta
krisis identitas.
Krisis
identitas mangrupa hiji kaayan batin dimana hiji jalma sadar pisan naon saha
dirina jeung naon hayangna. Ngan lebah pangjurung laku lampahna manéhna teu
apal atawa teu sadar.
Lamun
diimeutan, tokoh Dudung kitu deui Néndén, tétéla keur aya dina kaayaan krisis
identitas. Tokoh Dudung nu digambarkeun playboy
tangtuna kalayan teu sadar paripolahna aya nu dipaju pikeun negeskeun naon
kahayang hirupna, kumaha mojang anu dipiharepna. Nya nalika panggih jeung
Néndén téa kakara manéhna sadar yén mojang jiga Néndén nu dipiharep bisa méré
katingtriman.
Kitu
ogé nalika Néndén bingung rék narima Dudung atawa henteu. Nu jadi tinimbanganna
nya éta kasang tukang Dudung nu geus kasohor salaku playboy.
Jejer
ngeunaan kahirupan asmara rumaja kieu memang mindeng katitén dina karya sastra.
Sanajan jejer sarupa kieu téh klise tur kadang satipeu tapi dina enas-enasna
ieu roman téh geus bisa nepikeun carita kalayan hadé. Tangtuna ieu patali jeung
plot ogé jalan caritana. Dina prakna, Muh. Rustandi Kartakusuma ngabuktikeun
yén Mercedes 190 mangrupa karya sastra nu dipikaresep ku masarakat sabab dina
mangsana taun 1982 disebut kungsi ngageunjleungkeun tur meunang pangbagéa nu
ramé ti masarakat. Ieu hal nandakeun yén ieu roman téh memang pada dibaraca ku
masarakat.
Kadua, nya éta ngeunaan watek. Nu baris
dipedar, nya éta ngeunaan watek tina tokoh utama di ieu roman, Dudung jeung
Néndén. Numutkeun Dudung Durahman (1991:39), pancén pangarang nya éta
‘najamahkeun’ watek carita téa ka nu maraca. Kaunggulan pribadina, kaunikan
pribadina.
Dina
awal carita teu disebutkeun kumaha watek Dudung sajalantrahna. Tapi MRK mampuh
mungkus watek éta ku dialog jeung jalan carita nepi ka nu maca bisa
‘narjamahkeun’ watek Dudung nu playboy.
Geura urang ilikan :
Ku Dudung
katempo Jaja jeung para mojang nénjoan etalaseu. Dudung henteu keuheul.
Sabar, da nyaho tina pangalaman,
lolobana mojang téh sok api-api. Tara daék top-top téwéwét, tara daék pasrah
sapadamayan.
Anatomi para mojang katempo ti
beulah tukang ku Dudung. Duanana maké spanrok, rok ketat. Dudung ngarénghap
kawas rék ngahanju.
“Ieu mah kudu beunang na téh! Lamun
henteu, aing lain Dudung ngaranna.”
Tina éta kutipan katitén yén Dudung remen
pisan sarta geus pangalaman dina hal saperti kieu. Ngajak ulin awéwé,
gunta-ganti, teu kaop nempo nu anyar. Resep ningali awéwé nu dénok. Pan nu kieu
téa nu disebut playboy téh. Malah mah katitén pisan ku ayana istilah Operasi Sapu Jagat.
Lian
ti playboy, Dudung ogé borjuis Digambarkeun ku ayana Mercedes 190 nu dina mangsa harita
dianggap mewah. Ngan hanjakalna, karakter Dudung nu borjuis ieu téh ngan kagambar saaya-aya ukur ku Mercédés 190. Teu didukung deui ku
katerangan séjénna.
Sedengkeun
watek Néndén, hiji rumaja awéwé nu basajan, teu genit tur miboga prinsip. Teu
kataji ku lalaki sacara fisik atawa harta, tapi leuwih kana pribadi individuna.
Simpé. Néndén surti, naon nu rék
ditanyakeun ku Dudung. Kalayang ingetanana ngalayang ka Sujana, mahasiswa
jurusan Landasan Kapal Terbang ITB kénéh téa. Sujana mah miboga tujuan hirup,
teu kalayang-koloyong kawas playboy Dudung. Sujana mulitik, tapi pulitik keur
manéhna lain kakawasaan an sich, lain kakawasaan keur manéhna sacara pribadi,
tapi keur nangtukeun jalan kamekaran bangsa jeung nagara, kamekaran ka
Sosialisme Indonesia, sosialisme Pancasila. Mun Sujana, Bana jeung sajabana
hasil usahana, nu boga Mércédés lain waé Dudung, tapi kum bangsa
sagemblengna......
......
Kumaha ari Dudung? Boro-boro boga
pikiran kitu, tujuan hirup gé can boga, teu boga. Kalayang-koloyong..........
Katilu, nya
éta nu patali jeung plot jeung jalan carita. Numutkeun Duduh Durahman (1991:39) nétélakeun yén nu dimaksud plot jeung
jalan carita téh teu sarua najan duanana boh plot boh jalan carita teu beunang
dipisah-pisah. Jalan carita mangrupa wadah atawa raraga pikeun plot. Pikeun
nganyahokeun plot, teu meunang jalan carita kudu kabandungan. Plot téh mangrupa
hiji hal anu ngalantarankeun timbulna hiji kajadian. Karya sastra anu
mentingkeun jalan carita wungkul bakal karasa kaku. Jalan carita kudu didukung
ku sabab musabab naon pangna nepi ka kitu.
Dina
roman Mercedes 190 katitén plot téh
geus mampuh nuyun jejer carita jeung
ngahirupkeun watek. Ti mimiti maca ieu roman langsung ngajak nu maca pikeun
apal sacara langsung jalan caritana. Teu maké deskripsi nanaon atawa basa-basi
tapi langsung kana carita. Geura urang cutat deui naskahna
Abus ka Jalan Braga mobil ngagelesér
lalaunan pisan. Mesinna teu kadéngé disada saeutik-eutik acan. Matak
pikareuwaseun jalma, teu kanyahoan deui ujug-ujug jol wéh ti tukangeun atawa
gigireun. Gebeg téh! Na da éta mah......”
Dina
bagéan kahiji digambarkeun yén tokoh Dudung nu palyboy jalan-jalan ka Braga
néangan mojang keur diajak ulin. Mobil Mercedes 190 nu mangrupa mobil kaluaran
dina mangsa harita jadi simbol kajayaan. Dudung percaya yén para mojang bakal
daék diajak ulin komo mun maké Mercedes 190. Dina bagéan kahiji ieu ogé
disebutkeun yén lampah Dudung kitu nepi ka panggihna jeung Néndén.
Duka
naon nu ngalantarankeun Muh. Rustandi Kartakusuma nétélakeun hal éta padahal
jalan caritana kawilang jauh kénéh kana wanohna Dudung jeung Néndén. Duka
memang ieu hal téh pikeun nimbulkeun kapanasaranan ka nu maca nepi ka nu maca
hayang maca carita satuluyna. Padahal loba pangarang nu miboga prinsip yén
prakna carita téh kudu disimpulkeun ku nu maca. Nu ngarang ngan ukur méré
gambaran ngaliwatan kekecapan jeung kalimah.
Dina
nepikeun carita Mercedes 190, Muh.
Rustandi Kartakusuma réa ngagunakeun téhnik interior
monologue nu ngagambarkeun kajiwaan tokoh-tokohna. Nu maca diajak teuleum
kana pikiran jeung pangrasa tokohna nepi ka apal bubuk leutikna. Contona aya
dina sempalan naskah ieu.
“Henteu, henteu. Sanes ngusir, sanés
tadi téh,” pokna.
Tapi haténa ngagerentes : Na enya
lain ngusir tadi téh? Lain.Lain. Néndén yakin. Ma enya aing nepi ka téga ngusir
ka jelema. Niatna bisa jadi aya mimitina mah, tapi kakara dina niat da atuda
éta . . . . neugtreug Kang Dudung téh.
Ku kituna nu
maca bisa nyindekkeun naon nu karandapan ku tokoh Néndén ngaliwatan kereteg
haténa nu ngajenggelék dina naskah.
Aya
kaunikan sakaligus kahéngkéran nalika MKR mungkas ieu carita (énding). Unikna, nya éta ieu roman téh
dipungkas ku hiji sajak. Tina ieu sajak téh nu maca kudu nyindekkeun sorangan,
naha Néndén téh narima Dudung atawa henteu. Sedengkeun héngkérna, teu salawasna
nu maca bisa ngaaprésiasi jeung narima maksud éta sajak. Malah mah jigana bakal
loba nu bingung nepi ka nu maca teu bisa nyindekkeun ka mana arah carita jeung
ahir carita. Geura ieu sajak sakaligus endingna
:
Dangdaunan
murudul, marurag ti jauhna
Kawas
keur ngararas tatangkalan di taman Sawarga
Maruragan
kalayan haté seunggah: narah, narah!
Ogé
leungeun ieu ragrag
Ragrag
aya di mana-mana
Tapi
aya hiji nu nyangking
Ragrag
dina panangan panangan-Na
Kalawan
lemes taya hinggana........
Kaopat,
nya éta ngeunaan point of view ieu
roman. Tétéla nu nyarita dina ieu roman téh nya pangarang. Pangarang
nyaritakeun naon-naon nu karandapan ku para tokoh.
Sakapeung
pangarang ogé mernahkeun dirina dina posisi Dudung atawa Néndén. Ngungkarakeun naon nu aya dina
kereteg haté para tokoh ku cara interior
monologue téa. Tapi najan kitu, pangarang geus kawilang nyugemakeun dina
ngagambarkeun pangalaman jiwa para tokohna.
Kalima, nya éta ngeunaan setting. Nu
dijadikeun kasang tukang dina Mercedes
190 téh, nya éta pakumbuhan Indonesia dina alam Demokrasi Terpingpin jaman
Bung Karno. Katitén tina adegan nu kaunggel dina sempalan naskah ieu.
“ Geus din jalan gede, mobil dipengpengkeun.
Palebah parapatan Jalan Ir. Juanda, kapegung: aya barisan ka lebakkeun mamawa
spanduk. Ganyang Nekolim, cenah cek spanduk. Kremus tengku! Hidup Bung Karno, Pemimpin Besar Revolusi!”
Ieu
gambaran téh ngan sakilas pisan. Boa memang ngahaja pikeun méré nyaho yén ieu
roman téh dijieun dina mangsa Demokrasi Terpingpin jaman Bung Karno sarta
réalitas kahirupan di Indonesia mangsa harita.
Lian
ti éta setting tempat nu dipaké dina ieu roman lolobana di sabudeureun kampus
sabab tokoh Dudung jeung Néndén memang salaku mahasiswa. Ku imajinasina
pangarang ogé ngagambarkeun kaayan nu futuristik, nya éta lebah adegan nalika keur
aya di kafetaria Fakultas Kedokteran. Dicaritakeun kafetaria geus sakitu
majuna, bisa pesen dahareun ngaliwatan televisi, peuteuy nu leungit bauna jeung
tempé bacem kéju.
Panutup
Dina
ngawangun carita nu hadé, unsur-unsur nu ditataan di luhur téh kudu gumulung
tur silih pakait nepi ka bisa ngawangun carita anu gembleng jeung kuat.
Sakabéhna kudu jadi sistem nepi ka nu maca bisa “menikmati” gemblengna
carita. Sabab geus ditandeskeun ku kaum strukturalis yén hiji kesatuan struktural ngawengku satiap
bagian jeung sabalikna (yén tiap bagian téh mangrupa kagemblengan).
Ku
ayana ulikan struktur bisa katangen unsur mana anu kuat dina ngawangun carita.
Kitu ogé bakal katangen unsur mana anu héngkér dina carita.
Ajip
Rosidi salaku panganteur dina ieu roman nétélakeun yén carita-carita Muh.
Rustandi Kartakusuma mangrupa gambaran tina pamadegan éséy-éséyna, husus nu
patalina jeung budaya katut kasenian Indonesia, nya éta pangajakna sangkan mikacinta
budaya titinggal karuhun nu sanajan béda jeung budaya barat tapi miboga ajén nu
linuhung. Teknologi modern kudu sumujud kana kahirupan jiwa anu linuhung nu
nyumber kana kaagungan talaga budaya tradisi nu mibanda kapribadian pengkuh.
Sanggeus
diulik sacara struktural ieu roman téh memang katitén aya kahéngkéran tur
kaunggulanna. Tapi sanajan kitu,sanajan aya héngkérna, ieu roman geus nambahan
kabeungharan karya sastra Sunda. Urang tetep sugema jeung ni’mat maca ieu
roman.
Ceuk
H.B. Jassin (1966:128) mah “Satu cerita yang baik kita ingin baca berulang kali
dan tiap kali kita akan jumpa dengan sudut-sudut baru yang tadinya tak kita
lihat dan mengajakan batin kita.”
Pan anu matak nineung tina ieu roman téh pesen
anu ditepikeunna, nya éta ungkara Simone Weil “Cinta mah lain ku sabab tapi sok sanajan”
Daptar
Pustaka
Durahman, Duduh. 1991. Sastra Sunda Sausap Saulas. Bandung:
Geger Sunten.
Jassin, H.B. 1966. Kesusastraan Indonesia Modern Dalam Kritik Dan Esei.Jakarta: Gunung Agung.
Isnendes, Chye Retty. 2010. Kajian Sastra: Aplikasi Teori Dan Kritik Pada
Karya Sastra Sunda Dan
Indonesia. Bandung: Daluang.
Kartakusuma, Muh. Rustandi. 1993. Mércédes 190. Jakarta:PT Girimukti
Pasaka.
Koswara, Dedi. 2009. Racikan Sastra. Bandung: Jurusan
Pendiidkan Bahasa Daerah, FPBS,
UPI.
Rosidi, Ajip. 2009. Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar