Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Senin, 05 Desember 2011

Carpon Mangle


 Laguning Suwung

Bari rambisak masih anteng ngaréndos. Sambel. Dina cowét batu ukuran sedeng. Bawang beureum, bawang bodas, tarasi, gula, uyah jeung céngék. Loba pisan. Ngarah karasa ladana.
Diréndos bari tetep angger rambisak. Semu nu nafsu, semu nu keuheul. Ambek.
Sanggeus sambel jadi tuluy mawa sangu. Dieurihkeun kana cowét, digalohkeun. Tuluy dihuapkeun. Teu karasa nikmatna, teu kasa ngeunahna. Teu sing.
Geus der deui karasa ngarasula téh. Teuing judu kasaha atuh cumarita téh. Teuing kudu kasaha nepikeun kereteg haté. Teu apal pilampaheun ari geus kieu téh. Ukur kuat dua huap geuning. Ukur ngarénghap panjang. Satuluyna kalah ngahuleng, teuteupan suwung.
Si Rita nu kituna mah, tatangga kahalangan dua imah. Teuing asa ku ceuceub pisan ka sorangan téh.
“Muhun… resep pisan ningali nu bungsu. Asa ku lucu pisan. Komo ayeuna mah tos tiasa nyanyi topi saya bundar. Duh, matak haneuteun wé di rorompok téh.”
Teuing kumaha bet éta ungkara téh asa nurih kana ati. Komo nempo manéhna keur bureuyeung deui mah. Sakitu apan di imahna téh kacida récétna. Motah pisan boga budak téh.
Tapi kétah boa-boa si Rita mah ukur cacarita biasa. Jiga wangkongan ibu-ibu nu ilahar dina lawungan arisan. Méh sarua jeung wangkongan ngeunaan harga samara jeung béas nu naék, ngeunaan resép masakan atawa ngeunaan gossip artis nu anyar.Tapi naha atuh da éta ungkara téh bet béda karasana. Karasa nyindiran. Matak nyeri hate. Mun teu bisa-bisa teuing nahan mah boa piceurikeun téh geus budal titadi kénéh. Keur mah saméméh lawungan arisan téh geus teu puguh rasa. Nempo kalakuan salaki nu sakapeung mah teu weléh matak cagkeul. Kalah  bangun nu teu hayang ngadéngé kana kahayang nu ceuk pangrasa mah geus kebek ku katigin. Bageur meureun ti dituna mah, tapi tetep wé matak handeueul. Lir pasrah sadaya-daya. Mun geus kitu, sorangan tara bisa nanaon.
Geblug! Panto nutupkeun manéh. Angin karasa nyéor. Padahal poé sacangra-cangra, malah panas morérét. Ari ayeuna ujug-ujug ceudeum, haleungheum. Rék hujan.
Sok ngarasa keueung ari kieu téh. Di imah ubluk-ablak. Euweuh nu maturan, komo mun geus hujan gedé bareng kilat tingjorélat.
Kungsi sakali mangsa mah, mawa ulin budak si Rita anu bungsu. Budak keur kembang buruan. Bébélaan diupahan, di jajanan sagala rupa. Budakna betaheun, sorangan anteng asa aya batur. Sapoé jeput. Tadina mah moal disina balik budak téh. Keun wé sina ngendong.
Hanjakal kalah ditéang ku indung bapana. Nenjo kitu mah salaki teu loba omong. Ayem we, najan sorangan mah rambisak. Ukur neuteup bangun deudeuh tuluy nyium embun-embunan. Nangkeup bangun geugeut.
Hujan beuki gedé. Cowét, sambel jeung sanguna ukur diteuteup. Geus tigin asana mah.najan hate mah peurih taya papadana. Haté awéwé téa.
Tuluy geuwat néangan hapé, néangan salaki.
“Sakedap deui,” tembalna téh.
Haté téh reugreug. Buru-buru meundeutkeun panto jeung jandéla. Moal hariwang teuing ayeuna mah da dibaturan ku salaki. Najan meureun jigana salaki bakal rada humandeuar sabab geus sababaraha kali ngaruhit ka salaki. Tapi jawabna geus moal jauh. Sabar, urang usaha baé, mana kitu gé can diparengkeun ku Gusti Alloh. Mani sok geregeteun. Sugan téh dipancing kitu mah salaki téh rék wani. Tapi geuning meureun geus adat ti dituna, lalaki sholeh, lalaki satia.
Teu lila kadéngé bél imah disada. Sora mobilna horénng teu atra kapireng. Bareng jeung sora nu nutupkeun panto, paralak kadéngé hujan nu ragrag kana kenténg. Salaki ngajinjing kantong, biasa pagawéan nu dibekel ka imah, tuluy sok ditunda dina méja.
 “Ku naon, Mah?” ceunah bari ngarérét. Duh, éta imutna aya ku kayungun.
Kuring ukur ngabetem. Nahan kakeuheul bongan geuning kahayang teu diturutkeun. Sakitu biasana mah hayang nanaon ogé teu weléh diturutkeun. Majar mah, aya-aya baé ceunah kahayang téh.jigana nu teu bisa syukuran. Ah, teuing da kitu hayangna.
“ Teu kenging bakétut waé atuh, kamana imutna?”
“Akang mah meni teu nurut kana kahoyong téh. Apan biasana ari nu sanés mah sok kalah atoh. Asa dijalanan.”
“ Ih, ulah kitu ari cacariosan téh.”
   Tuh, da enya wé teu jauh tina sangkaan, pasti bakal kitu nyaritana téh. Bangun nu antaré. Gék salaki diuk dina korsi nu aya dihareupeun, cucul-cucul muka jakétna. Sok disampaikeun dina tonggong korsi. Lalaunan muka sapatu.
“Padahal mah abi téh geus tigin. Teu rék nyeri haté. Teu sing. Asal akangna adil. Mun euweuh mah, ké sugan dipangnéangankeun ku sorangan. Teu burung …”
“Ari anduk dimana? Asa bayeungyang ieu téh, rék mandi yeuh,” pokna jiga nu embung ngahaminan.
Teu ieuh diwalonan. Da geuning salaki téh tukuy wé indit ka kamer mandi. Bari ngagigiwing anduk nu tadi ditanyakeun.
            Masih anteng ngumbar lamunan nepi ka salaki geus rérés sagala téh. Neuteup suwung bari jeung sasakali ngahuapkeun sangu jeung sambel nu tadi dina cowét téa. Dirérét ku salaki nu bangun reuwas jeung hémeng.
“Naha geuning éta pamali nuang sangu dina cowét, sanes dina piring,” pokna bari ngadeukeutan.
Teu dipaliré. Anteng wé ngahuapkeun sangu jeung sambel tina cowét. Bari panon mah teu wasa nahan nu ngeyembeng dina kongkolak. Naha atuh boga salaki téh bet kacida gurat batu, teu daét nedunan kahayang.
“Mah, teu kenging kitu, apan ari tuang langsung tina cowét téh saur sepuh téa mah pamali, bisi…..”
Salaki teu kebat nyaritana. Nenjo kitu mah ukur bisa ngagukguk. Ceurik, geus teu bisa ditahan deui. Salaki nangkeup bagun geugeut.
“Teu kenging kitu atuh mah, sing sabar. Urang terus usaha. Boa tos titis tulisna urang can kaparengkeun gaduh putra. Apan saur dokter gé teu aya masalah nanaon urang téh,” ceunah bari ngusapan sirah.
 Duh, atra pisan deudeuhna. Na atuh bet boga kahayang anu teu lajim pisan. Salaki kudu ngawayuh . Apan awéwé mah cadu pisan ka nu ngarana diwayuh téh. Ceuk pangrasa mah sangkan boga budak ti nu ngora. Daék ieuh ngurusna, da geuning masih kénéh getih salaki. Tapi geuning kurang kumaha padahal mah boga salaki téh sakitu satia, sakitu solehna.
Emh, masih kenéh ngalangkang caritaan tadi ti si Rita, bangun énténg, teu ngarasa dosa,  “Tétéh, upama hoyong gaduh putra mah, atuh tos wé si Akangna sina ngawayuh, sugan ayaan ti nu ngora mah. Da sami ieuh getih si Akang. Upami teu kersaeun atanapi isin nyariosna mah, tos wé sing sering tuang langsung tina cowét. Pamali ceuk kolot téa mah, bisi didua ku salaki. Tapi keun wé da kitu tujuanna.”

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar