Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Lampah jeung Ringkang II

Taya kecap nu pantes pikeun ngagambarkeun salira. Nu pasti sacara basajan salira lir manusa nu miboga haté malaikat. Naha enya? Enya. Sabab éta nu karasa.
Kungsi sababaraha kali ragu ka salira. Tapi beuki lila néangan sabab rasa ragu, nu atra téh bet kayakinan. Yakin ka salira.
Hiji anu jadi kereueus keur salira, kasabaran dina hirup nu memang sakapeung teu matak kaharti. Tapi tina hirup éta salira beuki kuat. Beuki dewasa, beuki kasep raga, haté jeung pamikiranna.
Iraha urang munggaran tepang panutan? Nya harita nalika urang papada nyuprih élmu nalika SMA. Mangsa-mangsa nu ayeuna mah ngan ukur bisa dipikatineung. Panineungan-panineungan nu sakapeung matak pikaseurieun.
Emut kénéh salira ka “Glenn jeung Chelsea” ^_^ . Apan ti harita urang pada-pada mikawanoh.
Atawa sok kagagas ka mangsa lawas nalika aya “Sammy” nyanyi.. (hehe). Kapan munggaran ngadangu salira ngahaleuang téh nya lagu “Sammy” téa.
Sok ngadadak imut lamun salira geus wakca hayang jadi artis. Tapi da memang manusa mah teu leupas tina cita-cita. Nya cita-cita téa nu jadi tandaning hirup. Nu penting salira serius ti ayeuna. Salawasna bakal ngarojong. Mugia hiji mangsa bisa tinekanan. Aminn..
Dina mangsa patepung, urang teu weléh nuliskeun harepan-harepan dina tiap lambaran langit. Harepan dina mangsa nu rék disorang. Harepan-harepan nu jadi sumanget dina tiap léngkah. Jeung salira bet ngadadak teuneung jeung ludeung dina léngkah. Hiji kayakinan urang duaan, hiji mangsa bakal tinemu bagja, Insya Alloh..
Saumur hirup tacan kungsi aya nu micinta jiga salira. Sakapeung sok ngadadak jadi ogo da sagala kahayang salawasna dicumponan ku salira. Hatur nuhun panutan.
Tapi rasa timburu ogé mindeng ngawarnaan carita. Tapi mana kitu ogé pan éta jadi cirining katresna. Mugia urang bakal salawasna....
                “Panutan, taya kecap nu pantes pikeun
                 Ngungkarakeun atraning asih pikeun
                 salira..
                 Dina tiap kaliwung, salira teu weléh
                 suwung..
                 Salira nu maparin manglaksa katigin. Hatur nuhunnn
 Novia Endra Hermawan”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar