Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Istilah Upacara Daur Hirup Nu Dilaksanakeun di Wewengkon Kawali Kab. Ciamis


Adat istiadat di wewengkon Kawali nu diwariskeun ku karuhun di masarakat Sunda masih kénéh dipiara sarta dihormatan. Dina daur hirup manusa dipiwanoh upacara-upacara nu sipatna ritual adat saperti : adat nalika lahiran, nalika masa barudak, kawinan sarta kapapaténan jsb. Éta hal téh mangrupa ébréhan rasa sukur jeung du’a pikeun kasalametan lahir batin.
1.      Upacara Nalika Lahiran (Orok Lahir)
a.      Upacara Miara Ari-ari
Ari-ari/placenta disawang salaku dulurna orok, ku kituna teu meunang dipiceun kitu baé, tapi kudu maké hiji upacara dina waktu nguburna atawa waktu rék dipalidkeun ka walungan.
Mangsa orok lahir ka dunya, puseur (placenta) nu kaluar biasana dipiara, diberesihan jeung diasupkeun kana pendil nu bari dicampuran ku rupa-rupa samara saperti uyah, asem, gula. Tuluy ditutup maké kaén bodas.Pendil diais maké kaén panjang sarta dipayungan, biasana ku paraji pikeun nguburkeun di buruan imah. Aya ogé anu sok dipalidkeun ka walungan. Upacara ieu dibarengan ku maca solawat. Di deukeut placenta nu dikubur éta aya lampu cempor nu dihurungkeun nepi ka orok puput puseurna. Upacara ieu dilaksanakeun kalayan harepan orok bisa salamet tur hirup bagja.
b.      Upacara Puput Puseur
Sanggeus orok puput puseurna, biasana diayakeun salametan. Tali puser nu geus puput teh diasupkeun kana kanjut kundang ku paraji. Satuluyna puseur ditutup maké duit benggolnu dibungkus ku kapas sarta ditalikeun kana beuteung orok, maksudna sangkan bujal orok téh henteu nonjol/dosol. Aya ogé anu dibarengan ku méré ngaran ka éta orok. Dina hal ieu baris dibacakeun doa sarta nyadiakeun bubur beureum jeung bubur bodas
c.       Upacara Ekah
        Kécap ekah asalna tina basa Arab, nya éta aqiqatun “anak kandung”. Upacara Ekah  nya éta upacara nebus jiwa anak salaku paméré atawa anugerah ti Gusti atawa ébréhan rasa syukur jeung harepan sangkan nu jadi anak sholeh bakti ka nu jadi kolotna. Biasana dilaksanakeun sanggeus orik umurna 7 poé, 14 poé atawa 21 poé. Dina upacara ieu kudu disadiakeun domba atawa embé keur dipeuncit. Pikeun budak lalaki dombana kudu dua sedengkeun keur budak awéwé mah ukur hiji. Domba nu rék dipeuncit kudu nu minuhan syarat pikeun syarat kurban. Satuluyna domba dipeuncit ku ahlina maké du’a.
d.      Upacara Nurunkeun
        Upacara Nurunkeun nya éta upacara pikeun orok dibawa ka buruan imahna. Maksuda pikeun mikawanoh lingkunganna jeung ngabéwarakeun yén ieu budak téh geus bisa diais atawa dibawa jalan-jalan di sabudeureun imahna. Tuluy dilaksanakeu du’a jeung sawer. Upacara ieu biasana dilaksanakeun sanggeus orok puput puseurna.
e.       Upacara Cukuran
        Upacara cukuran maksuda pikeun meresihan atawa nyucikeun buuk orok tina sagala macem najis. Upacara cukuran atawa marhabaan ogé  mangrupa sukuran ka Gusti nu geus méré karunia, nya éta budak. Upacara ieu dilaksanakeun nalika budak geus umur 40 poé. Dina prakna, orok diais dina tengah-tengah tamu ondangan sarta disadiakeun ogé bokor nu eusina cai kembang 7 rupa jeung gunting nu digantungan hiasan emas pikeun nyukuran orok. Dina mangsa harita tamu ondangan ngadu’a, marhabaan jeung pupujian. Dina waktu marhabaan ieu buuk orok digunting saeutik ku sababaraha urang nu ngadu’a dina mangsa harita.

2.      Upacara Mangsa Barudak
a.      Upacara Gusaran
       Gusaran mangrupa upacara pikeun ngaratakeun huntu budak awéwé maké alat husus. Maksud upacara gusaran nya éta sangkan huntu budak awéwé katempo rata sarta sangkan budak leuwih geulis. Upacara Gusaran dilaksanakeun lamun budak awéwé geus nincak umur 7 taun. Prak-prakanna, nya éta budak awéwé nu geus didandanan sina diuk ditengah tamu ondangan. Tuluy dibacakeun du’a jeung sholawat ka Nabi Muhammad SAW. Sanggeus kitu paraji atawa kokolot ngalaksanakeun gusaran, ngagosok huntu ku batu husus. Biasana mah upacara gusaran ieu dihijikeun jeung upacara nyunatan pikeun budak lalaki.
b.      Upacara Sunatan
       Upacara sunatan/khitanan dilakukeun sangkan alat vital budak lalaki téh bersih tina najis. Budak lalaki nu geus ngajalankeun sunatan dianggap geus ngalaksanakeun salasahiji syarat utama salaku umat muslim.
Sapopoé saméméh prak disunatan dilaksanakeun heula salasahiji adat di wewengkon Kawali nu ngaranna turun mandi. Turun mandi ieu dilaksanakeun ditempat nu loba caina saperti Situ Lengkong Panjalu atawa Waduk Darma di Kuningan. Nalika turun mandi, budak nu disunatan téh dimandian bari didu’aan ku kokolot lembur jeung kulawargana.
     Nalika prakna rék disunatan, budak téh disunatan ku paraji sunat (bengkong) tapi ka ayeunakeun mah, nu nyunatan téh lolobana dilaksanakeun ku dokter. Tuluy sanggeus disunatan, tamu ondangan daratang pikeun méré duit nu biasana disebut nyecep sangkan budak ngarasa bungah jeung poho kana rasa nyerina.

3.      Upacara Kawinan
a.      Pra Nikah
1). Neundeun Omong
        Nya éta datangna kolot lalaki (jajaka) ka kolot budak awéwé pikeun silaturahmi jeung nunda omongan yén budak awéwéna rék dilamar.
2). Tukeur Cingcin
        Mangrupa datangna kulawarga budak lalaki (jajaka) pikeun ngalamar budak awéwé. Acara lamaran ieu dicirian ku silitukeurna cingcin salaku cicirén yén dua pasang mojang jeung jajaka ieu téh geus dicangcang atawa tunangan.
3). Muguhkeun
        Nya éta acara nu dilaksanakeun pikeun muguhkeun tanggal nu hadé pikeun ngalaksanakeun akad nikah. Biasana sok bari ngayakeun hajatan ngondang kulawarga jeung tatangga.
4). Ngaras
Ngaras asal kecapna tina “ngaji” jeung “rasa”, nya éta “rasa-rumasa” yén dirina lahir ka dunya salna tina rasa asih indung-bapa sarta magrupa titipan jeung amanah Gusti Allah. Ku kituna simbol dina upacara ngaras ieu mangrupa ngawasuh dampal indung bapa. Saméméhna pangantén awéwé dibéré papatah ngaliwatan juru tembang bari mukaan tujuh lapis samping kebat. Upacara Ngaras ieu dilaksanakeun ku calon pangantén awéwé.



5). Siraman