Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Conto Teks biantara Nampi Calon Pangantén Pameget



Assalamu'alaikum wr. wb.
Puji sinareng sukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Kalayan rahmat sareng karunia ti Manten-na, alhamdulillah dina dinten ieu urang sadaya tiasa riung kempel dina ieu pajemuhan, dina raraga silaturahmi. Kalihna ti éta, urang kempel téh insya Alloh seja tumut kana pidawuh Alloh kalih Rosulna, nyaéta ngalaksanakeun walimatunikah. Urang sadaya seja nyakséni kalayan ngajurung ku du'a kana naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid sakulawargi.
Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun ogé ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi'in tabi'atna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kénging syafaat di yaumil ahir. Amin.
Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!
Kalayan asmana sohibul makosid Bapa Sastra Wiguna sakulawargi, langkung tipayun ngahaturkeun réwu nuhun ka panata acara anu parantos maparinan waktos ka sim kuring kanggo ngadugikeun naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid.
Hatur nuhun laksa keti kabingahan kasanggakeun ogé ka para sesepuh anu sami-sami rawuh, ka dulur-dulur anu ti lembur, ka barayabaraya anu araya. Teu hilap ka para tokoh ti palih tonggoh, anu mikadeudeuh ti palih landeuh, ka handai tolan anu ti péngkolan, ka nu ngaranggo tudung anu ti Bandung, ka para rumaja sareng wanoja ti Suniaraja, sareng kum ka sadayana warga sinareng wargi anu teu disebat hijihiji, anu sami-sami gingsir linggih, nawiskeun kaasih diri, dongkap lenggah nembrakkeun katresna manah, pada rawuh mihatur lunturna kalbu, ngaliaturkeun nuhun kana kasumpingan sadayana.
Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!
Dina ieu kasempetan sim kuring ngahaturkeun wilujeng sumping kalayan ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan ka Bapa kalih Ibu, ogé palawargi sadayana ti rombongan calon pangantén pameget, anu parantos rawuh ka ieu lembur, parantos sumping ka ieu bumi. Kantenan baé rawuhna para sepuh, sumpingna para wargi téh parantos dianti-anti ti tadina, diajang-ajang ti anggalna. Hapunten anu kasuhun wiréh dina panampianana éstuning dilalaworakeun. Bapa-bapa lénggahna di patempatan anu kirang sampurna. Wargi-wargi linggihna di pangcalikan anu kirang utami. Ieu panampian téh boa-boa lebet kana paripaos werit ku budi sareng parangi, tebih ti basa utami, heureut pakeun kirang bahan, angang ti basa utama. Atuh ku kituna luntur kalbu anu kasuhun, jembar manah anu diteda, wening galih anu dipamrih ti sadayana kana rupining katuna sareng kakirangna.
Bapa kalih Ibu, sakumaha anu tadi kakuping ku urang sadaya, naon rupi anu parantos didugikeun ku pangersana sesepuh ti pihak calon pangantén pameget, saurana téh seja nyanggakeun Cép Tata, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti tengah tina pangkonan. Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami. Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di tengahna anu kitu, anu sawaktos-waktos sok jiga surutu.
Sateuacanna sim kuring nampi kana éta pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Cép Tata kalih sepuhna, wirehna pun anak téh, Néng Titi, upami disebat atah mah éstuning masih kénéh atah. Atah ku pangwarah tebih ku pangatik, meryogikeun kénéh pangaping sareng pangjaring ti para sepuh, malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga anu runtut raut répéh rapih.
Salajengna sakumaha anu parantos didugikeun ku sesepuh ti pihak calon pangantén pameget nembé, anu nyaurkeun yén Cép Tata sumpingna ka dieu téh saurna henteu jangjang henteu jingjing. Mung nyandak nu sarupi, nyaéta nu ngaringkuk kawas kuuk, nu bosongot kawas marmot, nu ngaréngkol osok ngompol, nu bedegul lir doran pacul. Teu sawios-wios,' da di dieuna ogé teu disampakkeun naon-naon, mung disampakkeun Néng Titi nu kagungan tilas raheut nu kapungkur. Nanging raheut sanés saraheut-raheutna, legok sanés salegok-legokna. Éstuning raheut asli ti ajali, legok candak ti kudratna, paranti neundeun kadeudeuh paranti nunda pelakeun.
Atuh kalihna ti éta, sagédéngeun Cép Tata, anu jajapna alhamdulillah sakitu seueurna. Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Ngaleut leubeut ku tanggeuyan, ngembat rébo ku cacandakan. Ngabringna rimbil ku jingjingan. Sim kuring kalayan asmana pangersana Bapa Sastra Wiguna sakulawargi, ngahatureun réwu nuhun laksaketi kabingahan. Hatur nuhun kana rupining cacandakanana.
Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!
Kalayan asmana pangersana Bapa Sastra Wiguna sakulawargi, diwuwuh ku para sepuh ogé disakséni ku palawargi, kalayan ngucap bismillahirrohmanirrohim sim kuring nampi kana naon rupi anu janten pamaksadan sesepuh ti pihak calon pangantén pameget. Mugi-mugi ieu murangkalih téh, Cép Tata sareng Néng Titi tiasa kauntun tipung katambang béas, laksana anu diseja, dikobul ka balé nyungcung. Insya Alloh sakedap deui ieu murangkalih téh urang rungrum ku pangdu’a dina acara anu poko, nyaéta akad nikah.
Rupina sakitu pisanggem ti sim kuring. Bobo sapanon carang sapakan. Langkung saurna bahé carékna, hapunten anu kasuhun.
Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum wr. wb.
(Naskah biantara seserahan kenging Didi Mulyadi, guru SMP 3 Lémbang, kalayan diropéa saperluna ku Drs. Hmad Hadi dina Panggelar Sastra).