Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Lampah jeung Ringkang

                Gusti aya ku ngarasa leutik hate nalika kuring ras inget kana kanyataan. Lain ngangluh Gusti, da mana kitu ogé geus titis tulisna. Kuring apal Gusti maparin kieu ayana lantaran kuring kuat, kuring tigin. Tapi mun seug pareng bisa cumarita, ah kuring yakin Salira mah Maha Uninga. Teu kudu kedal, salira geus pasti surti.
                Gusti, sok ngadak jumarigjeug geuning napak di dunya téh. Tapi, yakin kuring mah nu kieu  téh lain kuring wungkul. Sakapeung pohara kanyeunyeurian, nalika nu séjén bisa abring-abringan sakulawarga. Suka bungah. Papada nalingakeun tur tamplok kanyaah.
                Sok kasawang dina implengan, kulawarga kuring ngahiji dina hiji imah nu pinuh katingtriman. Jigana memang pamohalan pikeun aya dina hirup kuring, Gusti. Pamohalan!
                Kuring nyaah ka mamah Gusti, najan sakapeung teu bisa ngalahun sakahayang. Teu jiga indung batur. Tapi nyaah tamplok saalam dunya. Paparin kabagjaan keur anjeunna Gusti, sabab kuring mah teu bisa maparin kabungah, boa ukur bisa tambelar.
                Bapa jeung ema nu ti leuleutik ngarorok nepi ka kuring apal mana nu hadé jeung mana nu goréng. Nu teu kendat-kendat maparin du’a. Nu satékah polah nyumponan pangabutuh. Muga hiji mangsa pareng babakti. Ngaguratkeun imut tur rasa reueus. Gusti, pikanyaah aranjeunna saperti aranjeunna nun haben mikanyaah kuring.
                Aa jeun ipan nu salawasna jadi batur saati. Nu salawasna dipikanyaah, mugia salawasna ogé urang bisa silih talingakeun nalika lampah ninggang salah. Mugia urang bisa jadi budak nu nyugemakeun pikeun mamah. Najan kumaha kaayan, ulah jadi bangbaluh dina nyanghareupan hirup.
                Nu karasa jeung nu nembongan teh asa salawasna jalan nanjak baé Gusti. Tapi sapanjang jalan teu weleh rupa-rupa kembang kacipta bareng jeung seungitna. Nuhun Gusti. Nu atra na pikiran, na titingalian, ukur kulawu teh meureun ukur warnaning hirup jiga méga-méga nu méh hujan tuluy datang sarwaning warna katumbiri.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar