Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Gelar Budaya Purna Kala



 

Kawali, Ciamis nu kawentar ku situs purbaka Astana Gede jeung sajarah kasundaan, kiwari miboga deui acara pagelaran seni budaya. Lian ti “Nyiar Lumar” nu dilaksanakeun dua taun sakali, aya deui acara “Purna Kala” nu bakal diagendakeun salaku pagelaran seni budaya dina tiap taun, nya éta nalika nincak bagantina taun masehi.
Gelar Budaya Purna kala mangrupa pagelaran seni budaya nu dikokolakeun ku seniman tur generasi ngora Kawali, dikokojoan ku Pandu Radea, Rd. Ega Anggara Kautsar. Purna nu hartina sampurna jeung kala nu hartina waktu miboga maksud pikeun nyampurnakeun waktu sangkan nitenan, sukuran jeung harti nu positif dina bagantina taun.
Kagiatan ieu munggaran dilaksanakeun nalika bagantina taun 2011 ka 2012. Masarakat tur pamarentah ngarespon positif kana ieu kagiatan. Nepi ka bakal diagendakeun dina tiap taunna.
Kagiatanna ngawengku helaran di sabudeureun Kawali nu nembongkeun “wayang landung” nu mangrupa wayang nu jangkungna 4 meter diciptakeun ku Pandu Radea. Wayang ieu mangrupa salasahiji kasenian ti Panjalu. Dijieun tina dadaunan saperti eurih, kararas jeung janur.
Sanggeus helaran dituluykeun ku acara Jogol Landung jeung silat isbat. Dina acara Jogol Landung  dua wayang landung diduelkeun. “Jogol Landung” miboga filosofi hukum rimba, yén manusa hirup di dunya téh kudu bisa mertahankeun diri boh éta sacara fisik boh pamadegan.
Nalika nincak peuting dipintonkeun rupa-rupa karancagéan seni Sunda ti budak SD jeung SMP. Saperti kawih panambih, sarining ronggéng dangding patareman jeung rampak kacapi. Dituluykeun ku pagelaran longser wayang, nya éta drama bobodoran nu dikolaborasikeun jeung wayang. Dina mungkas pagelaran longser wayang dilaksanakeun pamasrahan anugerah budaya ka salasahiji aktor longsér wayang, nya éta Mak Apay nu partisipasina dina nanjeurkeun budaya Sunda gedé pisan.
Nu mangrupa acara puncak nya éta ruwatan purna kala. Ieu dilaksanakeun nalika detik-detik bagantina taun nu dicirian ku ngahurungkeun obor salaku ciri harepan anyar dina mangsa anu anyar. Dituluykeun ku sora lodong pikeun mapag taun nu anyar.
Ngaliwatan Gelar Budaya Purna Kala dipiharep masarakat apal kana kabeungharan seni jeung budaya Sunda. Komo ieu acara dilaksanakeun dina momen anu mernah, nya éta nalika bagantina taun. Tangtuna kagiatan budaya samodel kieu dipiharep dilaksanakeun ogé di kota-kota séjén salian ti di Kawali, Ciamis. Ku ayana acara samodél kieu urang Sunda bisa nembongkeun budayana, minimal keur urang Sundana sorangan nu lolobana geus poho kana budaya, seni jeung tradisina.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar