Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Kritik Sastra Roman “Mercedes 190” Karya Muh. Rustandi Kartakusuma

Muh. Rustandi Kartakusuma



            Mercedes 190 mangrupa roman karangan Muh. Rustandi Kartakusuma. Saméméhna mah Muh. Rustandi Kartakusuma mimiti muncul dina kasusastraan Indonesia. Kungsi medalkeun kumpulan sajak nu nepi ka kiwari mangrupa salasahiji kumpulan sajak pangkandelna, nya éta Rekaman Dari Tujuh Daerah (1951). Lian ti kumpulan sajak, Muh. Rustandi Kartakusuma kungsi medalkeun hiji drama dina wangun sajak, nya éta Prabu dan Putri (1950), drama Semua Putih Semua (1961) jeung skenario pilem Lagu Kian Menjauh (1961). Tapi lolobana tulisan meunang Muh. Rustandi Kartakusuma mangrupa éséy jeung kritik dina basa Indonesia sanajan kumpulanna teu dibukukeun.
            Aya sababaraha perkara nu penting pikeun dititétanan dina ieu roman Mercedes 190. Nu mimiti nya éta ngeunaan jejerna anu ngaguar ngeunaan kahirupan rumaja dina mangsa harita. Nu kadua ngeunaan perkara éta ngeunaan plot jeung jalan carita. Nu  katilu nya éta ngeunaan sawangan atawa point of view anu nuduhkeun jiga kumaha kaom rumaja dina mangsa harita dina ajén-inajén kahirupan jeung asmara. Sedeng nu pamungkas nya éta ngeunaan setting nu hadir dina ieu roman.
***
.
            Barang gok nalika munggaran maca geus karasa yén ieu roman miboga jejer ngeunaan kahirupan kaom rumaja. Tokoh utama, nya éta Dudung nu miboga karakter borjuis tur playboy. Digambarkeun ku ayana Mercedes 190 nu dina mangsa harita dianggap mewah. Karesepna ulin néangan mojang nu genit tapi tungtungna kapincut ku mojang nu ngaranna Néndén. Néndén mangrupa tokoh rumaja awéwé nu digambarkeun salaku rumaja nu basajan, teu genit tur miboga prinsip. Dudung kabungbuléngan, nepi ka ngudag Néndén. Néndén nu miboga prinsip teu kitu baé bisa narima playboy jiga Dudung. Aya sababaraha hal nu jadi tinimbangan Néndén dina narima Dudung.
            Nu dicaritakeun dina ieu roman bisa jadi ngeunaan krisis kajiwaan nu biasa karandapan ku kaom rumaja. Nu mindeng disabit-sabit dina dunya rumaja, nya éta krisis identitas.
            Krisis identitas mangrupa hiji kaayan batin dimana hiji jalma sadar pisan naon saha dirina jeung naon hayangna. Ngan lebah pangjurung laku lampahna manéhna teu apal atawa teu sadar.
            Lamun diimeutan, tokoh Dudung kitu deui Néndén, tétéla keur aya dina kaayaan krisis identitas. Tokoh Dudung nu digambarkeun playboy tangtuna kalayan teu sadar paripolahna aya nu dipaju pikeun negeskeun naon kahayang hirupna, kumaha mojang anu dipiharepna. Nya nalika panggih jeung Néndén téa kakara manéhna sadar yén mojang jiga Néndén nu dipiharep bisa méré katingtriman.
            Kitu ogé nalika Néndén bingung rék narima Dudung atawa henteu. Nu jadi tinimbanganna nya éta kasang tukang Dudung nu geus kasohor salaku playboy.
            Jejer ngeunaan kahirupan asmara rumaja kieu memang mindeng katitén dina karya sastra. Sanajan jejer sarupa kieu téh klise tur kadang satipeu tapi dina enas-enasna ieu roman téh geus bisa nepikeun carita kalayan hadé. Tangtuna ieu patali jeung plot ogé jalan caritana. Dina prakna, Muh. Rustandi Kartakusuma ngabuktikeun yén Mercedes 190 mangrupa karya sastra nu dipikaresep ku masarakat sabab dina mangsana taun 1982 disebut kungsi ngageunjleungkeun tur meunang pangbagéa nu ramé ti masarakat. Ieu hal nandakeun yén ieu roman téh memang pada dibaraca ku masarakat.
***
            Ayeuna urang ngaguar kana perkara anu kadua, nya éta nu patali jeung plot jeung jalan carita. Numutkeun Duduh Durahman dina Sastra Sunda Sausap Saulas nétélakeun yén nu dimaksud plot jeung jalan carita téh teu sarua najan duanana boh plot boh jalan carita teu beunang dipisah-pisah. Jalan carita mangrupa wadah atawa raraga pikeun plot. Pikeun nganyahokeun plot, teu meunang jalan carita kudu kabandungan. Plot téh mangrupa hiji hal anu ngalantarankeun timbulna hiji kajadian. Karya sastra anu mentingkeun jalan carita wungkul bakal karasa kaku. Jalan carita kudu didukung ku sabab musabab naon pangna nepi ka kitu.
            Dina roman Mercedes 190 katitén plot téh geus mampuh nuyun  jejer carita jeung ngahirupkeun watek. Ti mimiti maca ieu roman langsung ngajak nu maca pikeun apal sacara langsung jalan caritana. Teu maké deskripsi nanaon atawa basa-basi tapi langsung kana carita. Geura urang cutat deui naskahna
            “Abus ka Jalan Braga mobil ngagelesér lalaunan pisan.                    Mesinna teu kadéngé disada saeutik-eutik acan. Matak pikareuwaseun jalma, teu kanyahoan deui ujug-ujug jol wéh            ti tukangeun atawa gigireun. Gebeg téh! Na da éta mah......”
            Dina bagéan kahiji digambarkeun yén tokoh Dudung nu palyboy jalan-jalan ka Braga néangan mojang keur diajak ulin. Mobil Mercedes 190 nu mangrupa mobil kaluaran dina mangsa harita jadi simbol kajayaan. Dudung percaya yén para mojang bakal daék diajak ulin komo mun maké Mercedes 190. Dina bagéan kahiji ieu ogé disebutkeun yén lampah Dudung kitu nepi ka panggihna jeung Néndén.
            Duka naon nu ngalantarankeun Muh. Rustandi Kartakusuma nétélakeun hal éta padahal jalan caritana kawilang jauh kénéh kana wanohna Dudung jeung Néndén. Duka memang ieu hal téh pikeun nimbulkeun kapanasaranan ka nu maca nepi ka nu maca hayang maca carita satuluyna. Padahal loba pangarang nu miboga prinsip yén prakna carita téh kudu disimpulkeun ku nu maca. Nu ngarang ngan ukur méré gambaran ngaliwatan kekecapan jeung kalimah.
            Dina nepikeun carita Mercedes 190, Muh. Rustandi Kartakusuma réa ngagunakeun téhnik interior monologue nu ngagambarkeun kajiwaan tokoh-tokohna. Nu maca diajak teuleum kana pikiran jeung pangrasa tokohna nepi ka apal bubuk leutikna. Contona aya dina sempalan naskah ieu.
            “Henteu, henteu. Sanes ngusir, sanés tadi téh,” pokna.
Tapi haténa ngagerentes : Na enya lain ngusir tadi téh?         Lain.Lain. Néndén yakin. Ma enya aing nepi ka téga ngusir ka jelema.
Niatna bisa jadi aya mimitina mah, tapi kakara dina niat da atuda éta . . . . neugtreug Kang            Dudung téh.
            Ku kituna nu maca bisa nyindekkeun anon nu karandapan ku tokoh Néndén ngaliwatan kereteg haténa nu ngajenggelék dina naskah.

***

            Nincak ngaguar anu katilu, nya éta ngeunaan point of view ieu roman. Tétéla nu nyarita dina ieu roman téh nya pangarang. Pangarang nyaritakeun naon-naon nu karandapan ku para tokoh.
            Sakapeung pangarang ogé mernahkeun dirina dina posisi Dudung atawa  Néndén. Ngungkarakeun naon nu aya dina kereteg haté para tokoh ku cara interior monologue téa. Tapi najan kitu, pangarang geus kawilang nyugemakeun dina ngagambarkeun pangalaman jiwa para tokohna.

***

            Nu pamungkas, hal anu penting pikeun diguar téh nya éta ngeunaan setting. Nu dijadikeun kasang tukang dina Mercedes 190 téh, nya éta pakumbuhan Indonesia dina alam Demokrasi Pamingpin jaman Bung Karno. Katitén tina adegan nu kaunggel dina sempalan naskah ieu.
            “ Geus dina jalan gede, mobil dipengpengkeun. Palebah                parapatan Jalan Ir. Juanda, kapegung: aya barisan ka            lebakkeun mamawa spanduk.  Ganyang  Nekolim, cenah                      cek spanduk. Kremus tengku! Hidup Bung Karno, Pemimpin             Besar Revolusi!”    
            Setting tempat nu dipaké dina ieu roman lolobana di sabudeureun kampus sabab tokoh Dudung jeung Néndén memang salaku mahasiswa. Ku imajinasina pangarang ogé ngagambarkeun kaayan nu futuristik, nya éta lebah adegan nalika keur aya di kafetaria Fakultas Kedokteran. Dicaritakeun kafetaria geus sakitu majuna, bisa pesen dahareun ngaliwatan televisi, peuteuy nu leungit bauna jeung tempé bacem kéju.
            Ajip Rosidi salaku panganteur dina ieu roman nétélakeun yén carita-carita Muh. Rustandi Kartakusumamangrupa gambaran tina pamadegan éséy-éséyna, husus nu patalinajeung budaya katut kasenian Indonesia, nya éta pangajakna sangkan mikacinta budaya titinggal karuhun nu sanajan béda jeung budaya barat tapi miboga ajén nu linuhung. Teknologi modern kudu sumujud kana kahirupan jiwa anu linuhung nu nyumber kana kaagungan talaga budaya tradisi nu mibanda kapribadian pengkuh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar