Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Minggu, 26 Februari 2012

Lipstik


Atra kénéh asihing salira nu mindeng mupusti. Jiga Subadra. Nu geulis lir dipapaés mayang aruman. Niruk ati tiap nu nempo. Ceuk salira mangsa harita. Padahal harita mah can kungsi dipulas ieu pameunteu téh. Teu beureum, teu héjo. Tapi imut salira atra ngagurat. Teuteupna ngagupay sukma. Mapay-mapay lulurung gandrung. Natrat atra katresna.
Ayeuna geuning leungiteun. Salira duka dimana. Teu maliré sono nu mindeng jadi kapegung. Matak atra kaliwung. Padahal mun aya salira didieu, ieu bagja tangtu sampurna.
Rupa-rupa pulas dina pameunteu, bodas ku wedak. Aya katumbiri dina mata. Hanjakal lain katumbiri nu mawa hibar. Lain katumbiri jiga di langit nu ceuk salira pulasna éndah taya papadana. Aya nu ambucuy dina ieu biwir. Lipstik!
Apan geulis ceuk sasaha ogé. Balaréa pada nyanjung. Rupa-rupa pulas dina ieu pameunteu. Mapaés nambahan rupa anu hadé. Geulis ceuk sasaha ogé. Na salira nu baheula mupusti, bet ayeuna sakolebat pindah rasa. Pindah wakca, pindah pamuji.
Leungiteun pisan salira nu haben jadi panutan. Nu teu weleh leupas kanyaahna. Nu asihna teu weleh natrat. Apan jeung salira téa maheutkeun seja ngajarumat bulan jeung bentang. Mapay-mapay cukang langit, galuring carita urang. Ukur salira panglumpatan manglaksa liwung jeung suwung.
Naha salira teu resep ningal ieu lambé dipulas ku lipstik? Nu rupana matak helok, matak resep nu nempo. Jiga mangpirang jalma-jalma nu ayeuna serab. Nu ayeuna pada-pada muru hayang ngagaléntor. Pada-pada nyanjung. Pada-pada mikagandrung. Padahal ukur ku lipstik!
Lipstik-lipstik ieu nu nyababkeun salira bendu. Ieu lipstik nyababkeun salira cangcaya.  Padahal lipstik ieu nu  ngarobah galuring carita. Ngarobah lalakon jadi pinuh ku kabagjaan. Lipstik ieu nu jadi mustika hirup di dunya. Enya pisan ngarasa waluya sanggeus maké ieu lipstik. Naon rupa nu dipikahayang, teu wéléh kahontal.
Apan sakitu weritna hirup nalika can wanoh ka nu ngaranna lipstik. Ngembat jalan kamana waé ogé teu waé meunang jalan bagja. Pada-pada cangcaya sihoréng teu dilipstikan mah. Teu dipapaésan. Taya nu daék ngarangkul taya nu daék nunda ‘na lahunan.  
Gap deui kana ieu lipstik, nu tadi ukur dirérétan. Rat, tuluy dipulaskeun deui kana biwir. Nyéh, imut. Apan sakieu geulisna. Masih tetep jiga Subadra. Tapi ah, naha bet salira bendu?
“Piceun!” ceuk salira harita.
Lipstik nu keur dicekel téh direbut. Pabenyeng-benyeng. teu hayang mikeun jeung ngaleupaskeun. Tapi tanaga salira nu leuwih rosa matak éléh. Lipstik tuluy dialungkeun. Nenggel pisan kana tembok. Lipstik kameueut téh paburantak, mancawura. Teu ukur kitu, lipstik nu balatak di kamer ogé diasupkeun kabéh kana kérésék, gap kana korék api tuluy diduruk. Di Duruk! Ngan ukur bisa neuteup jeung rambay cimata.
“Lipstik mah ukur papaés suwung!” atra kénéh ‘na ingetan.
Ti harita salira duka kamana. Salira bendu. Hanjakal tetep teu bisa leupas tina lipstik. Beuki dieu beuki geugeut ka nu ngarana lipstik. Beuki resep ngumpulkeun lipstik. Beuki loba, rupa-rupa pulasna. Teu ngan ukur nu pulas beureum ayeuna mah. Geus aya nu héjo malah mah aya ogé nu rupa pulas hideung.
Ti balébat ka balébat anteng nganti salira. Tapi nu datang ukur Banaspati. Ukur Banaspati. Nu haben ngaharéwos pikeun ngamomorékeun salira. Nu haben mawa mangpirang kecap sangkan leungit rasa tineung ka salira. Sangkan leungit sono ka salira.
Salira geus pasti teu suka. Sabab Banaspati pisan nu ngawanohkeun lipstik téh. Nu ngagupayan jeung ngajak lalakon ngembat-ngembat jalan ayeuna. Jalan nu ceuk salira pinuh mangpirang suwung.
“Paké ieu lipstik. Mangka manéh bakal nimukeun sajatining hirup di dunya.” Sora Banaspati lir méré lolongkrang pikeun nu liwung.
Gap deui kana lipstik. Rat dipulaskeun deui kana biwir. Nu tadi mah beureum ayeuna mah nu héjo. Nyéh imut. Masih kénéh geulis jiga Subadra. Balaréa pada hookeun, pada kasima. Pada nyanjung.
Aya rasa sugéma tapi tetep ngarasa suwung. Malah mah haté kalah mindeng ditirukan kalangkang karumasa. Ah.. leungiteun pisan ku salira téh..?
***
Balaréa masih pada-pada nyanjung. Pada-pada anteng ngalahun. Pada-pada kasima. Kecap-kecap jeung wirahma dangding atra kénéh aworna kaluar tina lambé nu dipulas lipstik.
Ti kajauhan, beuki lila beuki atra  aya sora haréwos. Haréwos saha? Gening asa sora haréwos salira nu harita teu weleh leupas kanyaahna. Nu asihna teu weleh natrat. Panglumpatan manglaksa liwung jeung suwung
“Hanjakal ayeuna mah gening pinuh ku pupulasan.” Boa éta haréwos salira.
Gap deui kana lipstik. Rat dipulaskeun deui kana biwir. Nu tadi mah beureum jeung héjo, ayeuna mah pulasna hideung.
 “Mangpirang wakca ngawirahma suwung.” Gening aya deui.
Nyéh imut. Horéng geus teu  jiga Subadra. Najan balaréa pada hookeun, masih pada-pada kasima. Masih pada-pada nyanjung. Balaréa masih pada percaya kana mangpirang wakca tina ieu lambe nu dipulas lipstik.
“Ukur campelak sabda ngagugu nafsu.”
 Haréwosna beuki atra. Teu wasa nahan karumasa. Lampah harita ukur bisa nyuuh.
Ah, gening ayeuna mah Banaspati atra ‘na diri.

***



Tidak ada komentar:

Posting Komentar