Liwung
Gandrung
Lancipna girimis masih satia
marengan. Lir katigin urang seja wakca kapigandrung. Jeung duriat horéng lana
ngagurat.
Lancipna girimis masih satia
marengan. Cacak liwung anteng kénéh dina lahunan. Ieu kapegung kumaha teuing kedalna.
Geus heureut kecap pikeun cumarita.
Lancipna girimis masih satia
marengan. Ngimpleng lalakon urang nu pasolengkrah. Nataan sarwa katineung urang
nu hamo laas.
Panutan, di mumunggang kuring
anteng jeung panineungan. Di pajaratan anjeun anteng nunda diri.
Bandung, 2011
Ngembat
Jalan Langit
Ngembat-ngembat jalan ka langit
antara urang cadu kumulungkung
surti winaya, sagetih hiji
ayeuna urang haripeut geuning
ku lapat-lapat gentra hibar
Di lawang langit, sobat
Langgeng temen ninun harepan
Bandung, 2011
Nu
Nyanding
Panutan, setraning rasa
ngadadak geueumeun
sabab gandrung kapegat jalan
cagak
duh, aya nu nyanding lian ti
anjeun
Panutan, bet tibelat ngadon
katambias
sarwa sono awor jeung teu wani
wakca
naha kuring lir Drupadi micinta
Pandawa?
Bandung, 2011
Peuting
Urang masih kumalayang di awang-awang ngukir saban rasa. Kadeudeuh, kasono, kacinta diharéwoskeun susuganan Salira mireng. Bareng jeung mangpirang béntang nu ngawurkeun harepan satengahing arca jeung ririwa. Instrumentalia peuting anteng mapag impenan nu minuhan dada. Jeung imaji nu balik deui kana lalakon suwung nu teu weleh protes kana tiap lambaran Qadar.
Najan gumeter, ieu kidung atra muji Salira
Ah, da Salira geus pasti mireng!

LIPSTIK
Geulis!
Lir Subadra dipapaés mayang aruman
Jeung mustika paniruk ati
Eta lambéy nu beuki ambucuy
hanjakal pinuh ku pupulasan
mangpirang wakca ngawirahma suwung
campelak sabda ngagugu nafsu
Geulis!
Mangsa harita neuteup sarérétan
beuki anteb
jirim Subadra atra Banaspati
Tidak ada komentar:
Posting Komentar