Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Senin, 05 Desember 2011

Artikel Kiki Pratiwi

Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun Jadi Legok

Masih kénéh kacipta dina sawangan, “Hirup mah kudu dibarengan kasabaran da cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok” kitu cenah ceuk kolot mah. Tanda kadeudeuh pikeun anakna. Munggaran diregepkeun mah teu nyaho kana maksudna sabab ma’na na memang aya sacara kasirat lain kasurat.
“Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok” dina paparenian Sunda éta mangrupa paribasa. Ari paribasa téh numutkeun kamus Basa Sunda R.A Danadibrata nya éta basa nu digambarkeun supaya leuwih tétéla kahartina jeung bedana karasa jauhna.
Saperti peperenian Sunda séjénna, saliwat mah paribasa dina basa Sunda téh sakapeung sa tara asup akal, jauh tina rasionalitas. Tapi balik deui kana hakékatna yén di Sunda mah euyeub pisan harti nu nyangkaruk nu tétéla kudu dijembaran ku pangalaman dina nyanghareupan kahirupan.
Lamun ditilik tina widang folklor, paribasa téh kaasup kana folklor lisan nya éta idiomatic atawa pakeman basa. Hartina yén paribasa téh mangrupa hiji konvénsi di masarakat nu sipatna relatif tetep nepi ka jadi warisan adat jeung tradisi. Adat hartina hiji hal nu dikenal, dipikanyaho sarta jadi kabiasaan di masarakat. Sedengkeun adat nu lumangsung lila jeung turun tumurun disebutna tradisi. Sabab écés yén memang paribasa mah sumebar sacara lisan, dipikanyaho, sarta jadi kabiasaan nu ya di masarakat tur tutun tumurun.
Paribasa teu bisa dihartikeun sacara harfiahna wungkul. Ceuk légégna mah kudu digali deui substansina saperti “Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok” hartina teu ngan saukur aya cai tingkareclak nu ninggang kana batu. Da upama kitu wungkul mah didinya substansina kosong. Tapi upama dijembaran ku pangalaman mah eta paribasa téh miboga harti nu jero nya éta yén sagala pagawéan najan sakumaha héséna lamun ku urang terus dikeureuyeuh atawa dileukeunan laun-laun bakal tinekanan maksud.
Disawang tina jihat filosofis mah “cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok” téh miboga harti kasabaran. Sabar dina migawé hiji hal tur sabar dina nyanghareupan kahirupan. Ari kasabaran téa datangna tina haté nu wening, sadar kana kaayaan. Nampa kana papastén tapi teu cicicng baé pikeun ngungkulan cocoba dina kahirupan. Tah, ieu téa nu disebut tawakal. Misalna dina nyiar élmu. Najan sakumaha héséna élmu nu dipikaweruh tapi lamun  dileukeunan, disabaran tur dibarengan sumanget sangkan bisa mah tangtu baé sasieureun sabeunyeureun élmu éta bakal nerap.
Dina conto diluhur katitén yén kasabaran ogé miboga hukum kausalitas. Sabab euweuh hiji hal nu karandapan kajaba aya sab musabna. Ngan meureun dina bungkeuleukanana mah lain magrupa karma. Sabab ari karma mah idéntik jeung hal-hal nu negatif sedengkeun hukum kausalitas tina kasabaran mah nya éta mangrupa hal-hal positif saperti kabagjaan.
Cindekna mah, “cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok” téh mangrupa manifestasi tina  kahirupan urang Sunda. Bisa disebut mangrupa salasahiji bungkeuleukan tina étika Sunda boh sacara mikro (heureut) atawa sacara makro (jembar) nu masih kénéh bisa dipaké sacara turun tumurun ti baheula nepi ka ayeuna. Teu robah ku panéka jaman jeung mekarna élmu teknologi. Lian ti éta, tinimbangan séjénna nya éta yén ”cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok” masih dipertahankeun téh sabab saluyu jeung ajén budaya nu dinamis tur ajén-ajén luhur Pancasila nu jadi cecekelan bangsa Indonesia.

Ku kituna ceuk sakaol ogé apanan urang téh teu meunanag aral subaha dina nyanghareupan kahirupan sabab  “cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok”, mangga dilenyepan. Cag!!**



 *Kiki Pratiwi, Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung, Alumni Bengkel Ngarang Basa Sunda,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar