Ginulur Rahayu Wilujeng Sumping di Blog Sim Kuring.....

Senin, 05 Desember 2011

carpon Cupumanik

“Expensive….!!!”
Just for you, forever friend”
Kitu ceunah ungkara nu aya dina lalambar kertas téh. Anteng dipelong salila-lila.
“Hiji, dua, tilu, opat, lima….”
Bisa ari ngitung wungkul mah. Dalah éta gé diajar ti Kang Kardi nu kungsi ngasaan bangku sakola sanajan teu nepi ka tamat ogé. Da meureun kaayan téa anu teu ngarojong pikeun sakola. Tapi mun dibandingkeun mah,  nya meureun leuwih untung manéhna kungsi disaragam beureum bodas  najan teu lila.
Ukur lima kecap padahal mah. Basa Inggris ceunah nu kitu téh. Tapi tetep wé ngan ukur bisa dibulak-balik lalambar kertas téh. Boro-boro bisa dihartikeun dalah macana gé teu bisa. Ah….
Teu pira lalambar kertas téh meunang mulung urut bungkus bala-bala nu dibeuli tadi isuk-isuk. Bala-bala tilu siki. Ari meulina mah sarebueun, meunang dua tapi diémbohan hiji ku Bi Ijah nu ngajualna. Sisi kenca katuhuna katangen urut nyoéhkeun. Kertas HVS tayohna mah. Da bodas, teu aya garisna jiga buku tullis nu ilahar. Pinuh ku tapak minyak kertas téh, da geuning urut bala-bala tilu siki téa. Di tengah-tengahna aya tulisan “Just for you, forever friend”. Duh,  kumaha téa atuh ieu téh dibacana?
“Basa inggris téh basa internasional. Tah, lamun hayang ka luar negeri, urang téh kudu bisa nyarita make basa Inggris.” Masih kénéh napel dina ingetan. Bari pogot kana tumpukan runtah Kang Kardi kungsi nyarita samodél kitu.
Harita téh wakca hayang ngurilingan dunya saba unggal nagri. Nyiar rupa-rupa kaahéngan. Geus bosen asana téh ngurilingan unggal pamiceunan runtah. Nyiar mangpirang rongsokan nu masih kénéh bisa dijual, dikilo keur sakalieun meunang sangu sabungkus. Kitu jeung kitu wé ti wanci ka wanci téh.
“Ulah luhur-luhur teuing boga cita-cita mah. Keur bangsa jiga urang mah, meunang keur sakalieun dahar ogé geus untung,”  ceuk Kang Kardi bangun nu jauh panineungan.
Cita-cita ceunah ceuk Kang Kardi mah nu kitu téh. Teu resep jigana mah nempo nu jiga kasarung téh. Enya, kasarung ku kahayang ngurilingan dunya téa téa. Anjing ngagogogan kalong téa ceuk Kang Kardi mah.
Tapi ceuk pangrasa mah, ulah kéok méméh dipacok. Keun wé, sugan diparengkeun boga milik gedé, saha nu nyaho sugan pareng meunang emas tina gundukan runtah. Saha nu nyaho?
Ayeuna mah rék diajar basa Inggris wé heula. Kudu capetang.
“Just for you, forever  friend”
Aaahh, ieu téh naon téa atuh hartina. Kumaha macana?
***
Méméh nguriling néangan rongsok, bari ngeupeul bala-bala sarebueun diémbohan hiji, sok anteng neuteup nu ngabring di saragam bodas beureum. Rék nyukcruk élmu. Nu dibekelan keur jajan ti kolotna sewanng-sewang. Nu rék dialajar basa inggris!
Mindeng kapireng nu disaragam beureum bodas téh nyaritakeun pé ér bari gogonjakan.
“Ari pé ér téh pekerjaan rumah. Tah, nu sakola mah sok dibéré pé ér sangkan daék diajar téh.
Mana kitu téa mah nu beureum bodas mah palalinter. Diajar sagala. Bisa sagala rupa. Diajar basa inggris. Bisa capétang basa inggris.
Lalambar kertas “Just For you, forever friend” téh masih dina keupeulan. Hayang lumpat muru nu ngabring disaragam beureum bodas. Hayang nanyakeun “Just for you, forever friend” téh naon téa atuh pihartieunana. Kumaha téa atuh macana? Malah mun bisa mah haying nanyakeun nu kumaha ari pé ér téh. Kumaha téa ari di sakola téh?
Tapi boro-boro nyampeurkeun. Geuning nu ngabring di saragam beureum bodas téh teu ngeunah teuteupna. Bangun nu ijid. Pedah sapopoé ngagugulung runtah meureun. Béda jeung maranéhna nu salawasna beresih, rapih da geus puguh kitu aturanna ari nu sakola mah.
Hayang pisan ngarenghik ménta disakolakeun da ceunah ceuk Kang Kardi mah ayeuna téh aya sakola haratis. Sakola téh teu mayar ceunah.  Geus dipangmayarkeun ku nu beunghar jaman kiwari mah. Tapi tetep wé bingung, najan enya dipangmayarkeun ogé, da kudu ka saha teuing ngarenghikna. Sasat geus teu boga indung bapa. Rék ngarenghik ka Kang Kardi, geus pasti moal didéngé. Padahal teu pira kahayang mah, baé diajar basa inggris wungkul ogé. Ah….
***
Geus apal ayeuna mah harti “Just for you, forever friend” téh. Da geuning diparengkeun meunang sacewir kamus nu sabagéan geus pinuh ku tapak ngegél rinyuh. Tapi najan kitu teu nanaon da masih kénéh bisa dimangpaatkeun. Kabeneran Kang Kardi bisa makéna. Néangan kecap tina kumpulan kecap nu ngadérét dina éta kamus. 
Bungahna nataku. Malah mah ayeuna gé geus bisa makéna. Meunang diajar ti Kang Kardi. Tuh, geuning najan teu kungsi disaragam beureum bodas ogé geuning bisa ngarti basa Inggris. Moal lila ogé jigana bakal capétang make basa Inggris. Jeung untungna mah Kang Kardi teu korét jiga nu nu disaragam beureum bodas. Najan meureun élmuna Kang Kardi mah teu sabaraha.
“Just for you, forever friend” téh hartina ukur keur anjeun, salawasna sobat.
Dina hiji mangsa, tos meuli bala-bala ti Bi Ijah meunang deui lalambar kertas nu aya ungkara basa Inggrisna deui jiga harita. Ngan béda kekecapanna, nu ieu mah unina téh “And the education is expensive”.
Hanjakal, ukur bisa ngahartikeun sapotong. Dina kamus pamanggih téh teu kapanggih kecap “expensive”. Leungit digégél rinyuh tayohna mah!


Ku : Kiki Pratiwi, Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar